Sikuring oge sakola perlaukan tapi ayeuna kuli nu sejen widang.

Biasa we pabeulit jeung logistik..  sok saredih.

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Jalak Pakuan
Sent: Tuesday, December 21, 2010 1:58 PM
To: [email protected]
Subject: Ngeunteung Lalaukan ka Jepang Bls: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang 
Sunda?

 

  

Ari tos ngobrolkeun lauk teh sok ras inget ka urang jepang nu pangagungna 
leukeun neuleuman tamansari jeung lauk.....Nata taman jeung budidaya lauk 
dileukeunan....tah urang oge tangtos parantos mung geuning kawas nu diucap Mh 
seueur pisan jenis2 lauk nu teu apal, atuh nya budidaya lauk2 langka diprediksi 
tacan dileukeunan...

JP

 

Makarya Mawa Raharja

 

 

  _____  

Dari: Ii Sumirat <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 14:41:16
Judul: RE: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda?

  

Anu pakuat kait jeung dongeng na kangjeng pangeran suriaatmadja cenah masih 
seueur anu nyaksian. Da meureun ari PS mah heubeul teuing, hese ngarekamna. 
Carita oge sanes perkara lauk sirawing wungkul, diantarana tahu sumedang, hui 
cilembu, cai nyusu di ciguling (?), tangkal kawung anu teu bisa tuar jrrd, aya 
pakaitna jeung kangjeng pangeran.  Saciduh metu saucap nyata. 

Tah perkara lauk sirawing kieu cenah singketna, kangjeng pangeran hiburanana 
harita dantarana marak (ngala lauk di walungan alam) salain ti balap kuda, 
manah jrrd.  Salah sahiji lauk anu kasuguhkeun hasil marak diantarana sirawing 
tea, lauk ieu atos dituang sapalih (cenah), duka dibeuleum duka digoreng. Nuju 
kitu tp teu diteruskeun, lauk ieu dialungkeun deui ka walungan (cipeles 
meureun) bari sasauran (cenah oge) “ ieu lauk keur indungna/bibit, ngasuh lauk2 
sejena”.  Jaman sikuring mah teu pernah ningali ieu lauk kumaha wujudna, 
dilembur anu pernah ningali rata rata anu sababadan aki sikuring, tandana nya 
eta aya tapak nyewol dinu tonggongna, kitu nu ngalantaran di ngaranan sirawing, 
ukuranana beda ti ukuran lauk emas normal (badag),.  Ditarewak oge cenah 
kungsi, nepi ka beunang ngan sok ngaleungit deui, nyampak geus oojayan deui.

Ieu versi anu sikuring apal, duka tah versi abah mh atanapi urang sumedang 
sejena.

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Jalak Pakuan
Sent: Tuesday, December 21, 2010 1:09 PM
To: [email protected]
Subject: Bls: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda?

 

  

Misteri na sami sareng lauk kancra di Cibulan Kuningan panginten nya. Pami nu 
Cibulan mah saurna cocooan PS, oge aya nu nyebat pasukan PS nu ngawujud jadi 
lauk. Matak tara diala jeung mun paeh sok diboeh dikubur kawas ka jelema. Duka 
tah kumaha carita di ranca eta kang?

JP

 

Makarya Mawa Raharja

 

 

  _____  

Dari: Ii Sumirat <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 14:02:55
Judul: RE: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda?

  

Betok di lembur sikuring masih aya, di sawah ranca. Sakumaha halodo tarik oge, 
lamun geus cur hujan breng deui.

Tah pakuat kait jeung mitos duka enya, baheula mah aya lauk ngarana “sirawing” 
baheula betahna di sawah ranca mandalaherang, ranca cicelot, jeung 
cipanteuneun. Lamun lauk ieu bijil sok subur lauk sejena. Lauk sirawing gedena 
saluhureun lauk emas bibit.  Cenah ieu sesa deungeun sangu kangjeng Pangeran 
anu teu tulus dituang. 

 

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke