Heuheu, eta mah kasus khusus Kang JP.

Cariosna mah harita teh aya nu ngamat pamacan, mung malah kalebetan jurig sero 
sigana mah da kalah kukucicitan teu puguh. Kajantenan nateh disaksikeun ku 
masyarakat salembur, di daerah Kaum Purwakarta. Ari kasurupan nateh teuing ku 
maceuh, sirintil kaditu sirintil kadieu. Atuh teu wudu pada pahibut komo ibu2 
jeung barudak aralit mah. Tungtungna disampeurkeun weh ku abdi teh da bilih 
ngabahayakeun, dipelong bari babacaan sabisa2, biasa we falak binas tea. 


Aya kana sababaraha waktos papelong2 jol sirintil weh ngarontok, nya ku abdi 
digiwarkeun teras dirontok tipengker bari na hate nyarios lain kitu atuh maung 
mah, siga kieu deuleu, bari metakeun ngegel pundukna siga ucing ngegel beurit. 
Teu dugi ka nyaan digegel mah da teu tega, mung ngabayangkeun weh abdi ngegel 
punduk eta mahluk. Bari metakeun kitu pananganna duanana teu dileupaskeun 
dikeukeuweuk ti pengker. Goak weh aur-auran manehna teh, tos kitu diusir weh ku 
akhir ayat kursi diulang2, leketey weh tah si jalmi teh. Kitu tah kang....

Janten tong ungal aya nu kasurupan digegel pundukna, ke malik ngegel pan rabies 
nu aya, hehehe...




________________________________
From: "[email protected]" <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, December 21, 2010 23:09:50
Subject: Re: [kisunda] Teknik Nyanghareupan nu  Kasurupan

  
Kasurupan teh aya tilu, nu enyaan kasurupan, nyaeta nu seluruh kasadarana 
dikuasai ku hiji mahluk teu katingali/jin. Kadua nu kasurupan setengah sadar, 
nu 
katilu nu api2 kasurupan.

Nu kasurupan pinuh rada bahaya, sabab seluruh kasadarana dikuasai ku jin, bisa 
bahaya kadirina sorangan, atawa bahaya kanu disakurilingna. Cara nyanghareupan 
nu kasurupan jiga kieu, ulah waka dideukeutan, pelong panona, adu mental jeung 
nu nguasai eta jelema, urang babacaan ngarah kayakinan urang naek, terus sentak 
nu kasurupan, atawa banjur ku cai do'a, bisa make bismillah wungkul, atawa ayat 
qursi, atawa tilu ayat penangkal sihir, nyaeta al falaq, an nas, sareng al 
ikhlas, ulah eleh kayakinan, ngan ulah waka caket teuing da tanaga na sok 
ngalipet.

Nu setengah sadar ampir sami carana, ngan langkung gampil, sabab nu kasurupan 
masih satengah sadar, biasana di olo oge piwarang indit eta jin tiasa, biasana 
hayangna ngobrol nu kitu mah, biasa, jin hayang ka aku tea

Nu api2 kasurupan katingali tina gerakan atawa sorot panon, tara wani 
papencrong2, sok leuwih jalingkrak batan nu bener2 kasurupan, eta mah jalmana 
nu 
hayng kapuji, bura we beungeutna, pasti tibuburanjat, komo bari bau mah.

Sakitu mugi mangpaat, sadaya jalmi tiasa ngadamangkeun nu kasurupan, koncina 
adu 
kayakinan sareng nu kasurupan
Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  Jalak Pakuan <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Tue, 21 Dec 2010 19:57:17 +0800 (SGT)
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: [kisunda] Teknik Nyanghareupan nu  Kasurupan
  
Beuuu hebring atuh geuning  teu keder nyanghareupan nu kasurupan..... ke ke eta 
teknik gegel punduk jeung jejel bako teh valid atawa kabeneran? Mun teu valid 
salah2 lain cageur nu kasurupan kalah dompet leungit eung heu heu......

JP

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: mh <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 19:48:02
Judul: Re: Bls: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring

  
Lain ari uing mah ngubaran nu kasurupan teh, dipuput ku bako nu banget pisan.
Teu sakara-kara nu kasurupan teh, ohek-ohekan, teu kuateun ku bangetna.


2010/12/21 Deni Indra Kelana <[email protected]>

  
>Nyeta kang pedah panginten abdina we rada sasangkleng. Da numutkeun pangalaman 
>abdi mah sakumaha buringasna oge nu kasurupan tara dugika nyilakakeun, 
>diangsonan ge sok leah ku maneh, pami ngalawan keneh mah ditewak we teras 
>digegel pundukna, moal teu aduh2an teras mabur geura, heuheu..:D
>
>
>

 

Kirim email ke