dugaan uing mah kasurupan aya pakaitna jeung kondisi psikologis. loba tekanan, stress, teu aya penyaluran nu saimbang. pangalaman nu kapanggih, di sakola nu diasramakeun di lembur tatangga, kasurupan teh rutin unggal rek ujian semester. umumna budak nu preastasina kurang. pangalaman lain, wanoja nu dipangnyandungkeun, rutin unggal salakina kilir kanu ngora, peutingna sok ngagurub.
di nagara maju, umumna nu boga kasumpek sok lumpat ka bar, ngadon marabok. jigana mabok ieu jadi panyaluran kondisi psikologi nu stress. ari di urang pan cadu ka bar teh, nya lumpatna jadi kasurupan. 2010/12/22 oman abdurahman <[email protected]> > > > Ari di nagara2 maju aya kasus kasurupan? Upama teu aya, naha nya? Boa-boa > kasurupan pakuat-pakait jeung kurang-digunakeunana akal? Alias budaya anu > ngandelkeun "rasa" alias perasaan? > > manar > > 2010/12/22 Maman <[email protected]> > >> >> >> From: mh [email protected] >> >> >> ku bako mah lain dijejelkeun, asupkeun nu kasurupan ka kamar, kerem di >> jero kamar. terus beuleum bakona,* haseupna* puputkeun ka jero kamar. >> moal lila ge menta kaluar ti jero kamar geura. >> ==== >> Anu murah meriah mah, nyundut bulu baok(punten) ku korek api salembar dua >> lembar mah, seuseupkeun kana pangambungna nu kasurupan. >> >>
