Luar biasa gede wawanen, maklum guruna pamacan piraku eleh.....tapi teknik gugal gegel teh enya ah karunya ke geus sadar meureun bulecek pundukna kang. Ceuk bah Imun mah teknik ngabura, tapi lamun di gedong mah panginten disemprot ku cai tina selang boh keur nyiram tangkal atanapi keur mun aya kahuruan. Duka tah pami disemprot cai nonstop aya kitu hasilna si jurig rek nyingkah?
Ari nu sering ningal mah teknik PPO mun aya nu kasurupan eta pangambungna sok coledak we di PPO, minyak angin. Duka efektif atanapi henteu ngan ceuk logika supaya sadar, atuh mun sadar meureun jin/jurig nyingkah. Leres henteu nya? salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Deni Indra Kelana <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rab, 22 Desember, 2010 17:51:16 Judul: [kisunda] Ngegel punduk teu palid, eh, valid (Re: Teknik Nyanghareupan nu Kasurupan) Heuheu, eta mah kasus khusus Kang JP. Cariosna mah harita teh aya nu ngamat pamacan, mung malah kalebetan jurig sero sigana mah da kalah kukucicitan teu puguh. Kajantenan nateh disaksikeun ku masyarakat salembur, di daerah Kaum Purwakarta. Ari kasurupan nateh teuing ku maceuh, sirintil kaditu sirintil kadieu. Atuh teu wudu pada pahibut komo ibu2 jeung barudak aralit mah. Tungtungna disampeurkeun weh ku abdi teh da bilih ngabahayakeun, dipelong bari babacaan sabisa2, biasa we falak binas tea. Aya kana sababaraha waktos papelong2 jol sirintil weh ngarontok, nya ku abdi digiwarkeun teras dirontok tipengker bari na hate nyarios lain kitu atuh maung mah, siga kieu deuleu, bari metakeun ngegel pundukna siga ucing ngegel beurit. Teu dugi ka nyaan digegel mah da teu tega, mung ngabayangkeun weh abdi ngegel punduk eta mahluk. Bari metakeun kitu pananganna duanana teu dileupaskeun dikeukeuweuk ti pengker. Goak weh aur-auran manehna teh, tos kitu diusir weh ku akhir ayat kursi diulang2, leketey weh tah si jalmi teh. Kitu tah kang.... Janten tong ungal aya nu kasurupan digegel pundukna, ke malik ngegel pan rabies nu aya, hehehe... ________________________________ From: "[email protected]" <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, December 21, 2010 23:09:50 Subject: Re: [kisunda] Teknik Nyanghareupan nu Kasurupan Kasurupan teh aya tilu, nu enyaan kasurupan, nyaeta nu seluruh kasadarana dikuasai ku hiji mahluk teu katingali/jin. Kadua nu kasurupan setengah sadar, nu katilu nu api2 kasurupan. Nu kasurupan pinuh rada bahaya, sabab seluruh kasadarana dikuasai ku jin, bisa bahaya kadirina sorangan, atawa bahaya kanu disakurilingna. Cara nyanghareupan nu kasurupan jiga kieu, ulah waka dideukeutan, pelong panona, adu mental jeung nu nguasai eta jelema, urang babacaan ngarah kayakinan urang naek, terus sentak nu kasurupan, atawa banjur ku cai do'a, bisa make bismillah wungkul, atawa ayat qursi, atawa tilu ayat penangkal sihir, nyaeta al falaq, an nas, sareng al ikhlas, ulah eleh kayakinan, ngan ulah waka caket teuing da tanaga na sok ngalipet. Nu setengah sadar ampir sami carana, ngan langkung gampil, sabab nu kasurupan masih satengah sadar, biasana di olo oge piwarang indit eta jin tiasa, biasana hayangna ngobrol nu kitu mah, biasa, jin hayang ka aku tea Nu api2 kasurupan katingali tina gerakan atawa sorot panon, tara wani papencrong2, sok leuwih jalingkrak batan nu bener2 kasurupan, eta mah jalmana nu hayng kapuji, bura we beungeutna, pasti tibuburanjat, komo bari bau mah. Sakitu mugi mangpaat, sadaya jalmi tiasa ngadamangkeun nu kasurupan, koncina adu kayakinan sareng nu kasurupan
