Aya ku kataji eta nu usaha nyiar kabogoh Ngan sad ending geuning Hahaha....
Sent from MobilePhone® -----Original Message----- From: mh <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 Dec 2010 11:28:49 To: Ki Sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Mikawanoh Teluh, Sihir, Pelet Jeung Sajabana? Jigana ku topik jin para milisi geus pada weureu nya, katinggali tos rada repeh geuning guntrengna. Cing teruskeun atuh kana topik Teluh, Sihir, Pelet Jeung Sajabana? Naon ari teluh teh, jiga kumaha prosesna, naon efekna, kumaha nyanghareupana? Der Kang Imun, Kang TiRiLiK geura bedah sing nepi ka koredas. Sakadar panganteur, uing boga dongeng: Baheula boga tatangga, jalu, kabungbulengan ku hiji wanoja. Ngan hanjakal si wanoja geus boga bebene. Mun ditinggali tina penampakan mah, si tatangga teh geus mapan. Dibandingkeun jeung bebene si wanoja nu masih keneh sakola, sarua jeung si wanojana. Si jalu keukeuh bogoh, si wanoja angger kekepehan. Kabeneran balad uing, lanceukna sok resep kana urusan perpeletan. Duka teuing manjur henteuna mah, da tacan nyaksian. Gancangna carita si jalu teh, ngumaha ka lanceukna balad uing tea. Nya dibawa tatamba ka lemburna Kang Manar, cenah di dinya aya pelet anu nyohor. Nya ku tukang pelet teh dititah ngamalkeun sarupaning jampe pamake jeung amalan-amalan. Salah sahiji amalanana teh, kudu ngawiridkeun babacaan sapeuting jeput di tengah sawah. Eta pituduhna dilakonan. Ngan nyaeta hasilna, tetep we nihil. Hahaha.
