Pelet kiwari mah kedah nyampak nya kang. Eta selebritis ge bareunang tah ku pelet angggota dewan, sodagar.
JP Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Akang Tajimalela <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 Dec 2010 22:50:28 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Mikawanoh Teluh, Sihir, Pelet Jeung Sajabana? Bejakeun ka si Jalu mun rek melet wanoja mah..ieu langkahna Pertama baca wae surat yusuf 1000 kali unggal wengi dugikeun 100 poe, mun teu acan aya hasilna, cobi langkah kadua...Langkah kadua baca surat yusuf 1000 kali ditambihan ku surat Al Baqarah 100 kali unggal wengi dugikeun 100 poe, mun can katingali hasilna, cobi langkah katilu...Langkah katilu baca surat yusuf 1000 kali, surat Al Baqarah 100 kali unggal wengi dugikeun 100 poe jeung surat taneuh 10 hektar di Jakarta...Piraku cara nu katilu teu mempan keneh wae???mun teu mempan hartina nu dipelet lain jelema.. TM --- Pada Kam, 23/12/10, mh <[email protected]> menulis: Dari: mh <[email protected]> Judul: [kisunda] Mikawanoh Teluh, Sihir, Pelet Jeung Sajabana? Kepada: "Ki Sunda" <[email protected]> Tanggal: Kamis, 23 Desember, 2010, 3:28 AM Jigana ku topik jin para milisi geus pada weureu nya, katinggali tos rada repeh geuning guntrengna. Cing teruskeun atuh kana topik Teluh, Sihir, Pelet Jeung Sajabana? Naon ari teluh teh, jiga kumaha prosesna, naon efekna, kumaha nyanghareupana? Der Kang Imun, Kang TiRiLiK geura bedah sing nepi ka koredas. Sakadar panganteur, uing boga dongeng: Baheula boga tatangga, jalu, kabungbulengan ku hiji wanoja. Ngan hanjakal si wanoja geus boga bebene. Mun ditinggali tina penampakan mah, si tatangga teh geus mapan. Dibandingkeun jeung bebene si wanoja nu masih keneh sakola, sarua jeung si wanojana. Si jalu keukeuh bogoh, si wanoja angger kekepehan. Kabeneran balad uing, lanceukna sok resep kana urusan perpeletan. Duka teuing manjur henteuna mah, da tacan nyaksian. Gancangna carita si jalu teh, ngumaha ka lanceukna balad uing tea. Nya dibawa tatamba ka lemburna Kang Manar, cenah di dinya aya pelet anu nyohor. Nya ku tukang pelet teh dititah ngamalkeun sarupaning jampe pamake jeung amalan-amalan. Salah sahiji amalanana teh, kudu ngawiridkeun babacaan sapeuting jeput di tengah sawah. Eta pituduhna dilakonan. Ngan nyaeta hasilna, tetep we nihil. Hahaha.
