Kuring mah ngan nyaho nu sarupa we, nyaeta "Teluh Ingkig".
carana kieu:

-Malem jumaah kaliwon tanggal 13 bulan 10 wanci janari leutik, mandi cai kembang 13 rupa. caina kudu tina 13 cinyusu ti 13 gunung. lobana cai kudu 13 gayung. utamakeun ngaberesihan 7 liang dina awak.
- beres mandi, tuluy make minyak seungit 13 rupa.
- geus make minyak seungit, kakara make baju. bajuna oge kudu 'nyarat', nyaeta baju anu dijieun tina 13 rupa kaen batik.
- sanggeus dibaju, terus mawa bedog. usahakeun bedog eta panjangna 13 inci.
- sanggeus kitu kaluar ti imah, dina lawang panto, papatkeun jangjawokan ieu : "/Lorem ipsum dolor sit amet, consectetur adipisicing elit, sed do eiusmod tempor incididunt ut labore et dolore magna aliqua. Ut enim ad minim veniam, quis nostrud exercitation ullamco laboris nisi ut aliquip ex ea commodo consequat. Duis aute irure dolor in reprehenderit in voluptate velit esse cillum dolore eu fugiat nulla pariatur. Excepteur sint occaecat cupidatat non proident, sunt in culpa qui officia deserunt mollit anim id est laborum./"
- tong poho mawa teregos.
- terus datangan imah jalma anu rek diteluh ingkig tea.
- teangan jelemana, terus mun geus panggih, pesat bedog, tuluy kadek eta jelema, bari mapatkeun jangjawokan ieu: "dengan kekuatan bulaaannn... teluuuhhh ingkiiiggg".
- geus beres kitu mah balik deui we kaimah.

sakitu.

mugia mangpaat.




On 12/23/2010 10:31 AM, JeBe wrote:

Aya ku kataji eta nu usaha nyiar kabogoh
Ngan sad ending geuning
Hahaha....

Sent from MobilePhone®

------------------------------------------------------------------------
*From: * mh <[email protected]>
*Sender: * [email protected]
*Date: *Thu, 23 Dec 2010 11:28:49 +0800
*To: *Ki Sunda<[email protected]>
*ReplyTo: * [email protected]
*Subject: *[kisunda] Mikawanoh Teluh, Sihir, Pelet Jeung Sajabana?

Jigana ku topik jin para milisi geus pada weureu nya, katinggali tos rada repeh geuning guntrengna.
Cing teruskeun atuh kana topik Teluh, Sihir, Pelet Jeung Sajabana?
Naon ari teluh teh, jiga kumaha prosesna, naon efekna, kumaha nyanghareupana?

Der Kang Imun, Kang TiRiLiK geura bedah sing nepi ka koredas.

Sakadar panganteur, uing boga dongeng:
Baheula boga tatangga, jalu, kabungbulengan ku hiji wanoja. Ngan hanjakal si wanoja geus boga bebene. Mun ditinggali tina penampakan mah, si tatangga teh geus mapan. Dibandingkeun jeung bebene si wanoja nu masih keneh sakola, sarua jeung si wanojana. Si jalu keukeuh bogoh, si wanoja angger kekepehan.

Kabeneran balad uing, lanceukna sok resep kana urusan perpeletan. Duka teuing manjur henteuna mah, da tacan nyaksian. Gancangna carita si jalu teh, ngumaha ka lanceukna balad uing tea. Nya dibawa tatamba ka lemburna Kang Manar, cenah di dinya aya pelet anu nyohor. Nya ku tukang pelet teh dititah ngamalkeun sarupaning jampe pamake jeung amalan-amalan. Salah sahiji amalanana teh, kudu ngawiridkeun babacaan sapeuting jeput di tengah sawah. Eta pituduhna dilakonan. Ngan nyaeta hasilna, tetep we nihil. Hahaha.


.



Kirim email ke