Wah teu karaos nya Mang, umur urang nambihan 10 tahun geus beuki koyot wae
geuning nya....
Ari manfaat mah atuh seuseur Mang, diantawisna:
1. silaturahim..
2. ngawinkeun ide-ide warga ki sunda (kawin di alam maya, oge di alam nyatana)
3. ngasah kasundaan, ayeuna si kuring jadi lewih loba kanyaho kana sunda jeung
ka urang sunda.
4. jadi 'asupan/ maraban' jiwa si kuring anu lapar tur hanaang kana kasundaan
5. jjrd..
Patarosan anu kadua, perkawis anu kudu ku urang di garap ka hareup... si kuring
can bisa ulubiang asana mah kurang sacetek deui..
wassalam
dudi
----- Original Message -----
From: mh
To: Ki Sunda
Sent: Friday, December 24, 2010 8:29 AM
Subject: [kisunda] 10 Taun Ki Sunda
Baraya, teu karasa ieu milis teh geus panceg 10 taun umurna.
Mimiti ngajomantara 5 Jan 2001, kiwari anggotana aya 1125 urang.
Sacara umum bulan ieu rating artikelna paling onjoy salila 10 taun.
Nepi ka tanggal 24 poe ieu, artikel bulan Des 2010 aya 1965 siki.
Uing keur nyobaan noong statistikna, ke laporanana sugan pareng
urang sawalakeun awal taun hareup.
Cing geura evaluasi, analisa ku sarerea, urang aya dua panalek:
1. Naon wae mangpaat nu karasa ku balarea, ngenaan ieu milis?
2. Naon wae nu perlu ku urang digarap di ieu milis kahareupna?
Mangga geura sawalakeun.
-mh-