Wilujeng ka nu ngadegkeun sareng kuncen2 kisunda dugi ka kisunda tos mapag milad ka 10. 1. Mangpaat mah panginten subjektif kumaha masing2 miliser naha kaala buah mangpaat atanapi henteu, bisa jadi malah asa kaganggu ku ayana padungdengan hiji jejer; 2. Ngagarap naon kapayun? Ah nya biasa we nu buga ideu nu ngalungkeun...mangga bae ka masing2 miliser bade ngalungkeun jejer nu diminat. Ngan ceuk sim kuring mah langkung hade nu pakait jeung kahirupan realita sunda/kasundaan oge jeung tatar sunda.
salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: mh <[email protected]> Kepada: Ki Sunda <[email protected]> Terkirim: Jum, 24 Desember, 2010 08:29:12 Judul: [kisunda] 10 Taun Ki Sunda Baraya, teu karasa ieu milis teh geus panceg 10 taun umurna. Mimiti ngajomantara 5 Jan 2001, kiwari anggotana aya 1125 urang. Sacara umum bulan ieu rating artikelna paling onjoy salila 10 taun. Nepi ka tanggal 24 poe ieu, artikel bulan Des 2010 aya 1965 siki. Uing keur nyobaan noong statistikna, ke laporanana sugan pareng urang sawalakeun awal taun hareup. Cing geura evaluasi, analisa ku sarerea, urang aya dua panalek: 1. Naon wae mangpaat nu karasa ku balarea, ngenaan ieu milis? 2. Naon wae nu perlu ku urang digarap di ieu milis kahareupna? Mangga geura sawalakeun. -mh-
