Tah sae Kang Manar, sok rarancang atuh, kopdar sakalian nganyaran taun.
Hayoh Kang Jalak geura bekel kopi podol careuhna. Hahaha.

2010/12/24 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Anu nomor 2, geus rek dikawinkeun deui wae? :) Memeh dikawinkeun meureun
> wawanohan heula.
>
> Sok sanajan kitu ( :) kalimah bubuka pikeun silih asih, asah, asuh), kumaha
> upama dina raraga 10 taun milad kisunda teh urang ngayakeun riungan wae? Meh
> pok, pek, prak tea. Riuanganana di darat, nya lamun teu tiasa di darat, di
> milist wae :).
>
> manar
>
> 2010/12/24 d...@gmail <[email protected]>
>
>
>>
>> 
>> Wah teu karaos nya Mang, umur urang nambihan 10 tahun geus beuki koyot wae
>> geuning nya....
>> Ari manfaat mah atuh seuseur Mang, diantawisna:
>> 1. silaturahim..
>> 2. ngawinkeun ide-ide warga ki sunda (kawin di alam maya, oge di alam
>> nyatana)
>> 3. ngasah kasundaan, ayeuna si kuring jadi lewih loba kanyaho kana sunda
>> jeung ka urang sunda.
>> 4. jadi 'asupan/ maraban' jiwa si kuring anu lapar tur hanaang kana
>> kasundaan
>> 5. jjrd..
>>
>> Patarosan anu kadua, perkawis anu kudu ku urang di garap ka hareup... si
>> kuring can bisa ulubiang asana mah kurang sacetek deui..
>>
>> wassalam
>> dudi
>>
>> ----- Original Message -----
>> *From:* mh <[email protected]>
>> *To:* Ki Sunda <[email protected]>
>> *Sent:* Friday, December 24, 2010 8:29 AM
>> *Subject:* [kisunda] 10 Taun Ki Sunda
>>
>>
>>
>> Baraya, teu karasa ieu milis teh geus panceg 10 taun umurna.
>> Mimiti ngajomantara 5 Jan 2001, kiwari anggotana aya 1125 urang.
>>
>> Sacara umum bulan ieu rating artikelna paling onjoy salila 10 taun.
>> Nepi ka tanggal 24 poe ieu, artikel bulan Des 2010 aya 1965 siki.
>>
>> Uing keur nyobaan noong statistikna, ke laporanana sugan pareng
>> urang sawalakeun awal taun hareup.
>>
>> Cing geura evaluasi, analisa ku sarerea, urang aya dua panalek:
>>
>> 1. Naon wae mangpaat nu karasa ku balarea, ngenaan ieu milis?
>> 2. Naon wae nu perlu ku urang digarap di ieu milis kahareupna?
>>
>> Mangga geura sawalakeun.
>> -mh-
>>
>>
>

Kirim email ke