Diantarai nu masih nyangkaruk dina ingetan, asana aya sababaraha hal, boh pakait jeung kadaharan atawa kalakuan, nu ku sabagean masyarakat pantang dilakukeun.
Salah sahiji pacaduan nu kungsi kadenge ku uing, nyaeta cadu ngadahar baligo. Ceuk para kolot di lembur, cenah aya dongengna kunaon pangna pantang dahar baligo. Kocap kacarita, aya kokolot lembur nu keur lunta ka leuweung. Duka teuing rek nanahaon, rek moro atawa ngala bungbuahan. Barang rek balik ka lembur, kapegat caah, terus kabawa palid ka walungan gede. Keur ngalengleong kekerebekan, eta kokolot teh nyangsang kana rambat areuy. Sanggeus dititenan, tetela eta areuy teh taya lian rambat baligo. Antukna eta areuy jadi bahan pamuntangan pikeun hanjat ka darat. Nya eta kokolot teh salamet nepi ka lembur. Tah saterusna, eta kokolot teh peupeujeuh ka anak incuna, supaya ulah ngadahar baligo, sabab cenah geus nyalametkeun nyawana. Cing baraya, sugan aya nu apal, pacaduan atawa pantangan naon wae nu kungsi kadenge nu pakait jeung kahirupan urang Sunda. -mh-
