Baligo teh malinjo? Lamun enya malinjo saenamah nu ngongora ubah ugana kokolot 
jadi:
"Pek geura budadayakeun baligo sabab loba mangpaatna, daun jeung buahna keur 
sayur; buahna dijieun emping nu hargana lumayan. Watangna liat hade dipake 
tongkat keur tumbak atawa dijieun watang panah jeung gondewa. Matak prak geura 
budidayakeun jeung mangpaatkeun baligo".

Kitu tah tanda kanyaah ka baligo nu jadi puntangan nyalametkeun ku jalan 
ngawawarkeun gede mangpaatna.
 JP

Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: mh <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]>
Terkirim: Jum, 24 Desember, 2010 10:56:06
Judul: [kisunda] Mikawanoh Pacaduan Urang Sunda?

  
Diantarai nu masih nyangkaruk dina ingetan, asana aya sababaraha hal, boh pakait
jeung kadaharan atawa kalakuan, nu ku sabagean masyarakat pantang dilakukeun. 

Salah sahiji pacaduan nu kungsi kadenge ku uing, nyaeta cadu ngadahar baligo. 
Ceuk para kolot di lembur, cenah aya dongengna kunaon pangna pantang dahar
baligo. 

Kocap kacarita, aya kokolot lembur nu keur lunta ka leuweung. Duka teuing rek
nanahaon, rek moro atawa ngala bungbuahan. Barang rek balik ka lembur, kapegat
caah, terus kabawa palid ka walungan gede. Keur ngalengleong kekerebekan, eta 
kokolot teh nyangsang kana rambat areuy. Sanggeus dititenan, tetela eta areuy 
teh
taya lian rambat baligo. Antukna eta areuy jadi bahan pamuntangan pikeun hanjat 
ka darat. Nya eta kokolot teh salamet nepi ka lembur.

Tah saterusna, eta kokolot teh peupeujeuh ka anak incuna, supaya ulah ngadahar
baligo, sabab cenah geus nyalametkeun nyawana.

Cing baraya, sugan aya nu apal, pacaduan atawa pantangan naon wae nu kungsi
kadenge nu pakait jeung kahirupan urang Sunda.
-mh-




Kirim email ke