Cadu make kai jati keur kusen imah (caritana mirip/sarimbag sareng bah mh)

Cadu ngadahar taleus

Cacaduan anu baheula mah cenah ampuh kang, jadi paten, hukuman nu ngalanggar 
biasana sok ngadadak gering, hujan angin jrrd.  Anu ayeuna mah dipatenkeun ku 
UU oge anger dilalanggar, da hukumna beye. 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Irpan Rispandi
Sent: Tuesday, December 28, 2010 9:31 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Mikawanoh Pacaduan Urang Sunda?

 

  

Euh aing mah,
rugi euy jadi jalma generasi ayeuna mah. sabab teu bisa nyieun pamali, teu bisa 
nyiptakeun cacaduan. geus kabeakeun ku kolot baheula.

ulah kitu, ulah kieu, pamali, cadu. ceuk kolot eta teh.

aya keneh teu nya "lowongan slot" cacaduan anu bisa dipake ku urang?
misalna ayeuna urang nyiptakeun cadu dahar hamburger. ulah ngiceupan randa, 
pamali matak anu. 

he..he..he..
rugi lah jadi jalma ayeuna mah, slot caduna geus beakeun ku kolot baheula.

On 12/24/2010 11:29 AM, [email protected] wrote: 

  

Cadu dahar cau emas

Powered by Telkomsel BlackBerry®

  _____  

From: mh  <mailto:[email protected]> <[email protected]> 

Sender: [email protected] 

Date: Fri, 24 Dec 2010 11:56:06 +0800

To: Ki Sunda <mailto:[email protected]> <[email protected]>

ReplyTo: [email protected] 

Subject: [kisunda] Mikawanoh Pacaduan Urang Sunda?

 

  

Diantarai nu masih nyangkaruk dina ingetan, asana aya sababaraha hal, boh pakait
jeung kadaharan atawa kalakuan, nu ku sabagean masyarakat pantang dilakukeun. 

Salah sahiji pacaduan nu kungsi kadenge ku uing, nyaeta cadu ngadahar baligo. 
Ceuk para kolot di lembur, cenah aya dongengna kunaon pangna pantang dahar
baligo. 

Kocap kacarita, aya kokolot lembur nu keur lunta ka leuweung. Duka teuing rek
nanahaon, rek moro atawa ngala bungbuahan. Barang rek balik ka lembur, kapegat
caah, terus kabawa palid ka walungan gede. Keur ngalengleong kekerebekan, eta 
kokolot teh nyangsang kana rambat areuy. Sanggeus dititenan, tetela eta areuy 
teh
taya lian rambat baligo. Antukna eta areuy jadi bahan pamuntangan pikeun hanjat 
ka darat. Nya eta kokolot teh salamet nepi ka lembur.

Tah saterusna, eta kokolot teh peupeujeuh ka anak incuna, supaya ulah ngadahar
baligo, sabab cenah geus nyalametkeun nyawana.

Cing baraya, sugan aya nu apal, pacaduan atawa pantangan naon wae nu kungsi
kadenge nu pakait jeung kahirupan urang Sunda.
-mh-

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke