kang jp lan baraya
sadaya.............................................................................
eyang dina hartos hormat ka karuhun, anu parantos nurunkeun urang, sekeseler
sunda, siliwangi ti padjadjaran.
hatur nuhun kg enjebe anu parantos ngalegaan wawasan ka uin dina blogna.
perkawis saha siliwangi, ieu anu sok janten padungdengan ti baheula.
kunao0n dugi ka bung karno maluruh hal kasebat dugi ka miwarang amir suta
arga anu ahirna ngaluarkeun tulisan ngeunaan siliwangi, dicindekkeun ka sri
baduga maharadja ratuhaji di pakwan padjadjaran.
numatak dugi ka ayeuna, siliwangi janten aya sababaraha alternatip.
lemahna data ngeunaan eta ngaran kusabab arang pisan ditulis dina batu,
lontar jeung sajabana.
hartina eta gelar mangrupa sesebutan ti masarakat balarea, contona ciga mere
gelar ka kyai.
dugi ka ayeuna eta gelar nyaris aya di euweuhna, jeung euweuh di ayana.
tapi nerekab dina jajantung masarakat sunda tug nepi ka kiwari.
kacipta dina ngadongengkeunana aya wae rarameanana, conto , sabaraha
garwana? aya anu nyebat dua, opat, salawe tug dugi ka saratus lima puluhna
malih aya nu nyebat teu gaduh garwa komo puputra. pon kitu deui dina masalah
agama, aya nu nyebat hindu, budha , islam aya oge pra hindu....endah jasa!
na kunaon endah? makin di jieun misteri makin asyik ngaguarna. sementara
taya data anu ngaguar dina masalah pra hindu. pareumeun, poekkeun pisan.
aya ajaran/padika silih asih, silih asuh jeung silih asah. eta salah sahiji
ajaran anu kiwari geus loma disebut. padahal loba pisan ajaran siliwangi,
mun diguar jeung dipaluruh sacara daria. kasiliwangian sabenerna mangrupa
ajaran anu holistik jeung universal.
di sunda disebutna ageman lain agama anu umum kiwari. agama teh mangrupa
ageman keur agemeun.
numatak cing saha wae anu ngagem dina kasiliwangian, bisa wae disebut
siliwangi. bedana, aya siliwangi anu beken jeung anu biasa biasa saja.
mun ceuk basa kiwari mah saha anu ngaku islam disebutna muslim, kitu kira
kira pendekatanana.
jadi moal aneh lamun ayeuna pada raribut, saha siliwangi, prabu wangi, n/k
siliwangi sacara dinasti, bisa siliwangi anu kasabaraha-sabarahana.
jelas dina aran siliwangi jeung prabu wangi, mangrupa ciri sa ageman.
saterusna keur ngaguar leuwih jauh dina ngeunaan kasiliwangian sabenerna
mangrupa hiji paelmuan. aya elmu panemu, padika jeung silabusna.
hanjakal katempona siga  tinggal carita.
ngan uin yakin yen eta ajaran masih keneh aya anu ngagem tug dugi ka kiwari.
cag!
hn*R3M

2010/12/21 Jalak Pakuan <[email protected]>

>
>
> Ku naon sok nyarebat Eyang ka raja2 baheula......aya hartos khusus?
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ------------------------------
> *Dari:* "[email protected]" <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Terkirim:* Sel, 21 Desember, 2010 13:27:30
> *Judul:* Re: Bls: Bls: Uga Siliwangi Bls: [kisunda] Teu daek ngarti
>
>
>
> Eyang jagad dewanata
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Jalak Pakuan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Tue, 21 Dec 2010 13:20:57 +0800 (SGT)
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Bls: Bls: Uga Siliwangi Bls: [kisunda] Teu daek ngarti
>
>
>
> Kumaha pami Prabu Siliwangi digentos ku Prabu Raga Mulya/Suryakancana?
>
> JP
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ------------------------------
> *Dari:* "[email protected]" <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Terkirim:* Sen, 20 Desember, 2010 17:24:48
> *Judul:* Re: Bls: Uga Siliwangi Bls: [kisunda] Teu daek ngarti
>
>
>
> Parantos aya diblog http://catranagara.blogspot.com
>
> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar
> teyusss.....
> ------------------------------
> *From: * Jalak Pakuan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Mon, 20 Dec 2010 17:12:40 +0800 (SGT)
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Bls: Uga Siliwangi Bls: [kisunda] Teu daek ngarti
>
>
>
> Hatur nuhun kang Oca tah langkung jelas ayeuna mah, khususna PS di dieu
> sanes Sri Baduga tapi Raga Mulya. Perkawis Uga da tos rieub ayeuna mah
> diparasang  blogger2 ngan hanjakal taya hiji acan nu nyerat sumberna tina
> Pantun Bogor. Sakali deui hatur nuhun.
>
> baktos
> JP
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ------------------------------
> *Dari:* Roza R. Mintaredja <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Terkirim:* Sen, 20 Desember, 2010 14:47:54
> *Judul:* Re: Uga Siliwangi Bls: [kisunda] Teu daek ngarti
>
>
>
> hapunten kang JP, nembe ka aos,
> 1. uga siliwangi anu ka aos ku uin aya dina pantun bogor karya yasana ki
> baju rombeng taun opatpuluhan, ditulis ditik ku saleh danasasmita taun 1963,
>     di sarungsum babarengan sareng anis jatisunda, ditik ulang ku pun emang
> eman taun 80an, tras ditik diprint ku endang kosasih-putrana taun 99
>     dugi ka uin dina bentuk printna ti pun endang kosasih, harita nuju uin
> silaturahmi ka bumina.haneut keneh kertas saatos diprintna, moal poho.
> 2. produk jalma linuwuh nyaeta anu bisa *nyawang katukang sareng nganjang
> ka pageto. *(elmu prediksi dumasar kana tanda alam, lain klenik tahayul,)
> 3. taun 1579, ku prabu ragamulya alias suryakancana, di bogor, padjadjaran
> tengah.( dina mangsa padjadjaran tunda carita- lain runtag)
> 4. diucapkeun sacara lisan, turun tumurun jadi sastra lisan tuluy di tik ku
> kibajurombeng jst.( oge aya ti sumber2 sejenna anu intina sanada)
>     hn*R3M
>
> 2010/12/9 Jalak Pakuan <[email protected]>
>
>>
>>
>> Bah Oca bade tumaros , oge ka wargi sanes mangga ngiringan. Sateuacana
>> punten bilih bosen topikna, tapi sim kuring pribadi masih tacan jelas. Kieu
>> patarosan sim kuring teh:
>> 1. Uga Siliwangi teh saha nu ngaluarkeunana?
>> 2. Kumargi uga teh produk jalma linuwih, naon kaistimewaanana ieu jalma
>> janten lebet kriteria linuwih?
>> 3. Dimana, iraha dikaluarkeunana ieu uga?
>> 4. Lisan atanapi tulisan?
>>
>> hatur nuhun, baktos
>> JP
>>
>> Makarya Mawa Raharja
>>
>>
>> ------------------------------
>> *Dari:* Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>> *Kepada:* [email protected]
>> *Terkirim:* Kam, 9 Desember, 2010 12:20:35
>> *Judul:* Re: [kisunda] Teu daek ngarti
>>
>>
>>
>> baraya sadaya yang sawarga,
>> di sunda aya jenis prediksi anu karitu, disebutna uga.
>> anu ngaluarkeun uga, nyaeta manusa anu geus linuwih, luhung elmu jembar
>> pangaweruh, waspada permana tingal, jrek jrek jrek noooonnnng!
>> unggal wewengkon boga ugana sewang2an. eta katangtuan sabwana, lain di
>> sunda wae ngan beda ngaran wungkul.
>> kamampuan ngaluarkeun uga , gumantung kana 'grade'na nu mawauga
>> aya uga saukur lokal, oge anu sipat universal.
>> conto jayabaya uga bakal aya oray anu ngagelar sajawa, rel kareta api
>> conto, bandung heurin ku tangtung, pinuh ku wangunan, pinuh kunu
>> palinter/tangtungan
>> sukapura ngadaun ngora, galunggung ngadeg tumenggung jsbna.
>> tah ari perkara obahna jaman kumaha?
>> dina uga siliwangi-padjadjaran, negeskeun urang sunda bakal harudang ku
>> obahna jaman.
>> kumaha totonden jeung titimangsana?
>> mun gunung bitu disusul ku tujuh gunung, talaga bedah ti wetan, sora
>> tutunggulan ti gunung jrrd.
>> hartina ; bakal aya bencana alam anu rohaka, bakal aya panyakit endemik,
>> bakal aya perang 'sodara' ...dimana-mana.
>> mangsana datang dina opat ratus taun kalima ( diucapkeun taun 1579).
>> conto dina perayaan hiji sura 1944 cakasunda, make candrasangkalana
>> 1944, bumi bhakti kerta adeg;..... adeg kerta bhakti bumi,
>> bakal muncul pamingpin anyar, anu ngagantikeun samememehna, nu mawa
>> parobahan!
>> uin boga kayakinan ieu uga miboga sipat universal.
>> sakumaha kayakinan uin ka eyang prabu siliwangi.
>> cag!
>> hn*R3M
>>
>>
>>
>>
>> 2010/12/8 ilen kardani <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> Kang Halimun,
>>>
>>> Asa can kungsi ngabejaan eta palintangan samemeh kajadianana, duka mun
>>> ngabejaanana teu diumumkeun didieu mah ngan kuring teu kungsi maca eta
>>> totonden ti akang. Ngan nu kuring kungsi maca teh akang nyebatkeun Gunung
>>> Tangkuban Perahu moal waka bitu....
>>>
>>> Secara umum, gunung bitu, walungan banjir, lini gede, tsunami, kahuruan,
>>> jrrd eta teh kajadian alam nu bakal kajadian iraha wae ngan can aya nu bisa
>>> mastikeun iraha pasna eta kajadian bakal lumangsung. Sanajan ahli geology
>>> oge lamun arek ngalamarkeun lini, ngan bisa nyarita tina skala waktu sataun
>>> atawa dua taun. Beda jeung samagaha anu bisa diramal pergerakan
>>> panonpoe-bulan-bumi nepikeun ka bisa disebutkeun jam sabaraha eta kajadian
>>> bakal lumangsung.
>>>
>>> baktos,
>>>
>>> ilen kardani
>>>
>>>  ------------------------------
>>> *From:* Halimunan <[email protected]>
>>> *To:* [email protected]
>>> *Sent:* Wed, December 8, 2010 2:10:55 AM
>>>
>>> *Subject:* [kisunda] Teu daek ngarti
>>>
>>>
>>>
>>> Kunaon teu daek wae kaharti ?
>>>
>>>
>>> Mun ceuk kuring rek aya lini, pasti moal lila taneuh oyag.jiga di
>>> mentawai
>>>
>>> Mun ceuk kuring rek aya cai datang, caah, banjir di mana2, siga di
>>> mentawai jeung banten ayeuna.
>>>
>>> Mun ceuk kuring gunung ngabeledug, nya bakal ngabeledug jiga merapi jeung
>>> bromo
>>>
>>> Mun ceuk kuring bakal aya angin ngamuk, nya bakal datang angin gede
>>> ngawut2 nu kaliwat
>>>
>>> Can cukup bukti kuring apal kanu opat eta ? Atawa kurang keneh nu kudu
>>> ditingalikeun ka balarea ngarah percaya ?
>>>
>>>
>>>
>>
>>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke