Bah Oca bade tumaros , oge ka wargi sanes mangga ngiringan. Sateuacana punten bilih bosen topikna, tapi sim kuring pribadi masih tacan jelas. Kieu patarosan sim kuring teh: 1. Uga Siliwangi teh saha nu ngaluarkeunana? 2. Kumargi uga teh produk jalma linuwih, naon kaistimewaanana ieu jalma janten lebet kriteria linuwih? 3. Dimana, iraha dikaluarkeunana ieu uga? 4. Lisan atanapi tulisan?
hatur nuhun, baktos JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Roza R. Mintaredja <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kam, 9 Desember, 2010 12:20:35 Judul: Re: [kisunda] Teu daek ngarti baraya sadaya yang sawarga, di sunda aya jenis prediksi anu karitu, disebutna uga. anu ngaluarkeun uga, nyaeta manusa anu geus linuwih, luhung elmu jembar pangaweruh, waspada permana tingal, jrek jrek jrek noooonnnng! unggal wewengkon boga ugana sewang2an. eta katangtuan sabwana, lain di sunda wae ngan beda ngaran wungkul. kamampuan ngaluarkeun uga , gumantung kana 'grade'na nu mawauga aya uga saukur lokal, oge anu sipat universal. conto jayabaya uga bakal aya oray anu ngagelar sajawa, rel kareta api conto, bandung heurin ku tangtung, pinuh ku wangunan, pinuh kunu palinter/tangtungan sukapura ngadaun ngora, galunggung ngadeg tumenggung jsbna. tah ari perkara obahna jaman kumaha? dina uga siliwangi-padjadjaran, negeskeun urang sunda bakal harudang ku obahna jaman. kumaha totonden jeung titimangsana? mun gunung bitu disusul ku tujuh gunung, talaga bedah ti wetan, sora tutunggulan ti gunung jrrd. hartina ; bakal aya bencana alam anu rohaka, bakal aya panyakit endemik, bakal aya perang 'sodara' ...dimana-mana. mangsana datang dina opat ratus taun kalima ( diucapkeun taun 1579). conto dina perayaan hiji sura 1944 cakasunda, make candrasangkalana 1944, bumi bhakti kerta adeg;..... adeg kerta bhakti bumi, bakal muncul pamingpin anyar, anu ngagantikeun samememehna, nu mawa parobahan! uin boga kayakinan ieu uga miboga sipat universal. sakumaha kayakinan uin ka eyang prabu siliwangi. cag! hn*R3M 2010/12/8 ilen kardani <[email protected]> >Kang Halimun, > >Asa can kungsi ngabejaan eta palintangan samemeh kajadianana, duka mun >ngabejaanana teu diumumkeun didieu mah ngan kuring teu kungsi maca eta >totonden >ti akang. Ngan nu kuring kungsi maca teh akang nyebatkeun Gunung Tangkuban >Perahu moal waka bitu.... > >Secara umum, gunung bitu, walungan banjir, lini gede, tsunami, kahuruan, jrrd >eta teh kajadian alam nu bakal kajadian iraha wae ngan can aya nu bisa >mastikeun >iraha pasna eta kajadian bakal lumangsung. Sanajan ahli geology oge lamun arek >ngalamarkeun lini, ngan bisa nyarita tina skala waktu sataun atawa dua taun. >Beda jeung samagaha anu bisa diramal pergerakan panonpoe-bulan-bumi nepikeun >ka >bisa disebutkeun jam sabaraha eta kajadian bakal lumangsung. > > >baktos, > >ilen kardani > > > ________________________________ From: Halimunan <[email protected]> >To: [email protected] >Sent: Wed, December 8, 2010 2:10:55 AM > >Subject: [kisunda] Teu daek ngarti > > >Kunaon teu daek wae kaharti ? > > >Mun ceuk kuring rek aya lini, pasti moal lila taneuh oyag.jiga di mentawai > >Mun ceuk kuring rek aya cai datang, caah, banjir di mana2, siga di mentawai >jeung banten ayeuna. > >Mun ceuk kuring gunung ngabeledug, nya bakal ngabeledug jiga merapi jeung bromo > >Mun ceuk kuring bakal aya angin ngamuk, nya bakal datang angin gede ngawut2 nu >kaliwat > >Can cukup bukti kuring apal kanu opat eta ? Atawa kurang keneh nu kudu >ditingalikeun ka balarea ngarah percaya ? > > >
