Sami patarosan sim kuring ge sapertos kitu, hususna ngeunaan kalineuwihanana 
dina nyawang kajantenan nu bade dongkap. Naha aranjeunna nganggo metoda deret 
waktu, sabab akibat, judgement method, atanapi metoda naon?
Hatur nuhun.



--- On Thu, 12/9/10, Jalak Pakuan <[email protected]> wrote:

From: Jalak Pakuan <[email protected]>
Subject: Uga Siliwangi Bls: [kisunda] Teu daek ngarti
To: [email protected]
Date: Thursday, December 9, 2010, 1:04 AM















 
 



  


    
      
      
      Bah Oca bade tumaros , oge ka wargi sanes mangga ngiringan. Sateuacana 
punten bilih bosen topikna, tapi sim kuring pribadi masih tacan jelas. Kieu 
patarosan sim kuring teh:
1. Uga Siliwangi teh saha nu ngaluarkeunana?
2. Kumargi uga teh produk jalma linuwih, naon kaistimewaanana ieu jalma janten 
lebet kriteria linuwih?
3. Dimana, iraha dikaluarkeunana ieu uga? 
4. Lisan atanapi tulisan?

hatur nuhun, baktos
JP
 Makarya Mawa Raharja

Dari: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kam, 9 Desember, 2010 12:20:35
Judul: Re: [kisunda] Teu daek ngarti








 



    
      
      
      baraya sadaya yang sawarga,di sunda aya jenis prediksi anu karitu, 
disebutna uga.anu ngaluarkeun uga, nyaeta manusa anu geus linuwih, luhung elmu 
jembar pangaweruh, waspada permana tingal, jrek jrek jrek noooonnnng!
unggal wewengkon boga ugana sewang2an. eta katangtuan sabwana, lain di sunda 
wae ngan beda ngaran wungkul.kamampuan ngaluarkeun uga , gumantung kana 
'grade'na nu mawaugaaya uga saukur lokal, oge anu sipat universal.
conto jayabaya uga bakal aya oray anu ngagelar sajawa, rel kareta apiconto, 
bandung heurin ku tangtung, pinuh ku wangunan, pinuh kunu 
palinter/tangtungansukapura ngadaun ngora, galunggung ngadeg tumenggung jsbna.
tah ari perkara obahna jaman kumaha?dina uga siliwangi-padjadjaran, negeskeun 
urang sunda bakal harudang ku obahna jaman.kumaha totonden jeung 
titimangsana?mun gunung bitu disusul ku tujuh gunung, talaga bedah ti wetan, 
sora tutunggulan ti gunung jrrd.
hartina ; bakal aya bencana alam anu rohaka, bakal aya panyakit endemik, bakal 
aya perang 'sodara' ...dimana-mana.mangsana datang dina opat ratus taun kalima 
( diucapkeun taun 1579).conto dina perayaan hiji sura 1944 cakasunda, make 
candrasangkalana
1944, bumi bhakti kerta adeg;..... adeg kerta bhakti bumi,bakal muncul 
pamingpin anyar, anu ngagantikeun samememehna, nu mawa parobahan!uin boga 
kayakinan ieu uga miboga sipat universal.
sakumaha kayakinan uin ka eyang prabu siliwangi.cag!hn*R3M



2010/12/8 ilen kardani <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      Kang Halimun,
 
Asa can kungsi ngabejaan eta palintangan samemeh kajadianana, duka mun 
ngabejaanana teu diumumkeun didieu mah ngan kuring teu kungsi maca eta totonden 
ti akang. Ngan nu kuring kungsi maca teh akang nyebatkeun Gunung Tangkuban 
Perahu moal waka bitu....

 
Secara umum, gunung bitu, walungan banjir, lini gede, tsunami, kahuruan, jrrd 
eta teh kajadian alam nu bakal kajadian iraha wae ngan can aya nu bisa 
mastikeun iraha pasna eta kajadian bakal lumangsung. Sanajan ahli geology oge 
lamun arek ngalamarkeun lini, ngan bisa nyarita tina skala waktu sataun atawa 
dua taun. Beda jeung samagaha anu bisa diramal pergerakan panonpoe-bulan-bumi 
nepikeun ka bisa disebutkeun jam sabaraha eta kajadian bakal lumangsung. 

 
baktos,
 
ilen kardani




From: Halimunan <[email protected]>
To: [email protected]

Sent: Wed, December 8, 2010 2:10:55 AM
Subject: [kisunda] Teu daek ngarti

  

Kunaon teu daek wae kaharti ?

Mun ceuk kuring rek aya lini, pasti moal lila taneuh oyag.jiga di mentawai

Mun ceuk kuring rek aya cai datang, caah, banjir di mana2, siga di mentawai 
jeung banten ayeuna.


Mun ceuk kuring gunung ngabeledug, nya bakal ngabeledug jiga merapi jeung bromo

Mun ceuk kuring bakal aya angin ngamuk, nya bakal datang angin gede ngawut2 nu 
kaliwat

Can cukup bukti kuring apal kanu opat eta ? Atawa kurang keneh nu kudu 
ditingalikeun ka balarea ngarah percaya ?






      

    
     

    
    






  










    
     








    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke