enya kg Emha, terjemah dina basa indonesia mah rada garing. miskin kosa
kata.
tebih sareng basa sunda mah, sabab basa rasa. qur'an anu uin ge terjemahna
make sunda, hiji karya m hasan, dua karya oemar bakri. anu kadua karasana
langkung nyerep kana ati.
hn*R3M

2010/12/30 mh <[email protected]>

>
>
> Diantara karya kamotekaran Abah Surya nyaeta mangrupa buku Nur Hidayah
> jeung Nurul Hikmah.
> Nur Hidayah eusina saritilawah basa Sunda Al Quran dina wangun dangding
> Pupuh sunda.
> Sedengkeun ari Nurul Hikmah eusina ringkesan tina Nur Hidayah dina wangun
> nadoman.
>
> Jiga Kumaha Eusina teh?
>
> Hayu urang toong babarengan. Keur babandingan urang sandingkeun jeung "Al
> Qur'an dan
> Terjemahnya" terbitan Departemen Agama. Urang pilih salah sahiji surat nu
> pondok we nya,
> Surat Al-Ikhlas.
>
> Tarmamah Al-Ikhlas basa Indonesia:
>
> 0. Dengan menyebut nama Allah Yang Maha Pemurah lagi Maha Penyayang.
> 1. Katakanlah: "Dia-lah Allah, Yang Maha Esa,
> 2. Allah adalah Tuhan  yang bergantung kepada-Nya segala sesuatu.
> 3. Dia tiada beranak dan tiada pula diperanakkab,
> 4. dan tidak ada seorang pun yang setara dengan Dia"
>
> Tarjamahan Nur Hidayah, jiga kieu:
>
> 0. Kalayan Asma Nu Welas Asih
> 1-2. Pupuh Kinanti
> Abdi sumanggem saestu
> sinaksenan lahir batin,
> Alloh teh Nu Maha Esa,
> mung ka Alloh abdi muji,
> ka Alloh abdi neneda,
> neda welas asih Gusti.
> 3-4. Pupuh Kinanti
> Abdi sumanggem saestu,
> Alloh teh estu abadi,
> teu ramaan teu putraan,
> sareng taya nu nyasami,
> teu aya anu nandingan,
> sadaya ge mahluk Gusti.
>
> Versi nadoman Nurul Hikmah jadi kieu:
>
> Ka Alloh abdi nyalindung,
> dina panggodana setan,
> Kalayan asma Nu Agung
> Alloh Anu Welas Asih,
> ALLOH
>
> Nadoman surat Al-Ihlas,
> kaimanan ulah waswas,
> Yen Alloh Nu Maha Esa,
> Alloh Nu Maha Kawasa.
>
> Mangga urang sasarengan
> Kedal ucap pangangkenan
> yen mung Allah Maha Esa
> Nu nyiptakeun jagat raya.
>
> Mung ka Alloh urang muji,
> wiridan asma Ilahi,
> ka Alloh urang neneda,
> mugi dijaga diriksa
>
> Mangga urang kedal lisan
> kedal ucap pangangkenan
> Alloh teu kagungan rama
> sareng teu kagungan putra
>
> Alloh Anu Maha Suci
> henteu aya nu nyasami
> henteu aya nu nandingan
> Alloh agung tan wangenan.
>
>  
>

Kirim email ke