Diantara karya kamotekaran Abah Surya nyaeta mangrupa buku Nur Hidayah jeung
Nurul Hikmah.
Nur Hidayah eusina saritilawah basa Sunda Al Quran dina wangun dangding
Pupuh sunda.
Sedengkeun ari Nurul Hikmah eusina ringkesan tina Nur Hidayah dina wangun
nadoman.

Jiga Kumaha Eusina teh?

Hayu urang toong babarengan. Keur babandingan urang sandingkeun jeung "Al
Qur'an dan
Terjemahnya" terbitan Departemen Agama. Urang pilih salah sahiji surat nu
pondok we nya,
Surat Al-Ikhlas.

Tarmamah Al-Ikhlas basa Indonesia:

0. Dengan menyebut nama Allah Yang Maha Pemurah lagi Maha Penyayang.
1. Katakanlah: "Dia-lah Allah, Yang Maha Esa,
2. Allah adalah Tuhan  yang bergantung kepada-Nya segala sesuatu.
3. Dia tiada beranak dan tiada pula diperanakkab,
4. dan tidak ada seorang pun yang setara dengan Dia"

Tarjamahan Nur Hidayah, jiga kieu:

0. Kalayan Asma Nu Welas Asih
1-2. Pupuh Kinanti
Abdi sumanggem saestu
sinaksenan lahir batin,
Alloh teh Nu Maha Esa,
mung ka Alloh abdi muji,
ka Alloh abdi neneda,
neda welas asih Gusti.
3-4. Pupuh Kinanti
Abdi sumanggem saestu,
Alloh teh estu abadi,
teu ramaan teu putraan,
sareng taya nu nyasami,
teu aya anu nandingan,
sadaya ge mahluk Gusti.

Versi nadoman Nurul Hikmah jadi kieu:

Ka Alloh abdi nyalindung,
dina panggodana setan,
Kalayan asma Nu Agung
Alloh Anu Welas Asih,
ALLOH

Nadoman surat Al-Ihlas,
kaimanan ulah waswas,
Yen Alloh Nu Maha Esa,
Alloh Nu Maha Kawasa.

Mangga urang sasarengan
Kedal ucap pangangkenan
yen mung Allah Maha Esa
Nu nyiptakeun jagat raya.

Mung ka Alloh urang muji,
wiridan asma Ilahi,
ka Alloh urang neneda,
mugi dijaga diriksa

Mangga urang kedal lisan
kedal ucap pangangkenan
Alloh teu kagungan rama
sareng teu kagungan putra

Alloh Anu Maha Suci
henteu aya nu nyasami
henteu aya nu nandingan
Alloh agung tan wangenan.

Kirim email ke