Nuhun kang Kumi dadaran sareng informasina. Jadi, upama kitu, sawan kuya eta kaasup panyakit oge nya, ngaharib kana panyakit mental. Anu jelas, sing saha anu boga kasawat sawan kuya tangtu moal bisa daftar jadi murid sakola pilot, malah lamun digawe di kantoran di hiji gedong, ruanganana teh kudu di lantei dasar wae. Aya darajat2na ari sawan kuya? Misalna, lamun nepi ka 4 meter wae mah luhurna masih teu sieun? jst.
Ngeunaan neangan elmu tina naskah kuno pakaitna jeung Unpad memang harita dina acara gelaring Unicode Aksara Sunda, kang Ganjar salaku rektor Unpad ngaamanahkeun sangkan para mahasiwa oge sarjana sastra Sunda anu nyandak widang filologi atawa naskah kuno (sebut kitu wae basa populerna) sing getol nalungtik rupa-rupa paelmuan anu aya dina naskah kuno. Tilu area diusulkeun ku kang Ganjar sangkan jadi prirotas panalungktikan eusining naskah kuno, nyaeta: elmu tatanen, elmu kasakit atawa kdeokteran, jeung elmuning tutuwuhan jeung alam lingkungan. Alo Adit (Aditia Gunawan) alhamdulillah tos ngeureuyeuh ngagarapan eta tilu prioritas amanah ti kang Ganjar. wilujeng. manar 2011/1/9 Kumincir Wikidisastra <[email protected]> > > > sawan kuya teh mun ceuk gaolna mah salahsahiji tina sabangsaning > fobia, takut ketinggian, sieun aya di tempat anu luhur. > > sual istilah2 kasakit, dr. sam tah manukna, sok nyerat dina majalah > cupumanik. kamari2 mucunghul oge hasil nalungtik naskah buhun iasana > gan adit, murudul rupa2 ngaran kasakit. taun kamari ge asana kungsi > maca unpad rek medalkeun buku/kamus sunda hususon sual kasakit. > > > On 08/01/2011, setiadi_rs wrote: > > sawan kuya mah lain panyakit, tapi istilah keur jalma anu teu bisa atawa > > sieuneun turun amun manehna naek kana tangkal rada luhur. > >
