Tah hade diklasifikasikeun, leuwih tegep upama ditambahan deskripsi
ringkesna.

Ari kasurupan, kapelet, kapincut, asup panyakit teu?

2011/1/8 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> sigana perlu dibagi dua heula: panyakit raga/fisik jeung panyakit
> jiwa/psikis/mental/pikiran:
>
> I. Panyakit Raga (ieu oge alusna dibagi per anggota badan)
> - sirah
> rieut
> nyeri sirah
> leng-lengan
> ...
> ...
> - panon
>
> nyeri panon
> belekan
> bolor
> lolong
> ...
> - irung
> nongtot leho
> olol leho
> sariawan
> ...
> ...
> -ceuli
> nyeri ceuli
> torek
> ...
> ...
> - bujur
> nongtot bool
> boson
> ...
> ...
> - leungeun
> ...
> - suku
> rorombeheun
> leuncangeun
> ...
> - dada
> nyeri angen
> ...
> - beuteung
> nyeri beuteung
> kilikiben
> seueul
> ...
> - biwir-tikoro
> jeding
> nyeri tikoro
> kabuhulan
> ...
> - kulit
> kaligata
> panu
> kurap
> ...
> jst
>
> II. Panyakit Jiwa/pikiran
> sawan
> kagegeloan
> kurang saeundan
> kurang jejeg
> iri / dengki
> teu kaopan
> euwah
> sakalor
>
> teruskeuneun
>
> manar
> 2011/1/7 <[email protected]>
>
>
>>
>> Nyeri mastaka
>> Nyeri jempol
>> Nyeri cepil
>> Nyeri patuangan
>> Nyeri tenggek
>> Nyeri pisan
>> ;)
>>
>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>> ------------------------------
>> *From: * mh <[email protected]>
>> *Sender: * [email protected]
>> *Date: *Fri, 7 Jan 2011 20:56:51 +0800
>> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
>> *ReplyTo: * [email protected]
>> *Subject: *[kisunda] Basa Sunda jeung Kedokteran?
>>
>> Aya dokter teu nya di ieu milis?
>> Mun dokter tugas di pilemburan, kira-kirana mun nyebut ngaran panyakit
>> make Sunda atawa Indonesia nya?
>>
>> Cing urang cobaan, naon wae ngaran panyakit nu aya istilah Sundana.
>>
>> nyeri panon
>> belekan
>> bolor
>> lolong
>> nongtot leho
>> olol
>> nyeri ceuli
>> dole
>> nongtot bool
>> rorombeheun
>>
>> Pek tarambahan, naon deui nya
>>
>>
>

Kirim email ke