Kalender jeung Mijahkeun Bibit? Uing teh reueus, reueusna mah, dumeh urang Sunda boga kalender sorangan. Boh Kalender Saka Sunda, oge Kalender Kala Sunda. Ngan terus terang we, nepi ka danget ieu uing teu apal, dina konteks naon eta kalender kiwari digunakeunana? Mun noong urang Cina, urang Cina ge sarua jeung urang, najan boga kalender sorangan, kalender nu dipake sapopoe mah Kalender Masehi. Najan kitu, babah masih oge migunakeun kalender Cina, utamana pikeun hal nu pakait jeung acara budaya, jiga mieling Pabaru Cina, pesta Kueh Bulan, astrologi, ngawinkeun, jeung sajabana.
Salah sahiji kagunaan sejen kalender Cina, cenah bisa dipake pikeun ngira-ngira mangsa mijahkeun bibit, ngarah bisa diprediksi jalu bikangna. Kumaha carana? Guankeun tabel! Share<http://www.facebook.com/sharer.php?u=http%3A%2F%2Fselangor2u.com%2Fblog%2Ftahukah-anda%2Ftentukan-jantina-anak-dengan-kalendar-cina%2Fattachment%2Fimage%2F&t=Tentukan%20Jantina%20Anak%20Dengan%20Kalendar%20Cina%20image%20%E2%80%93%20s2u.my&src=sp> 0<http://selangor2u.com/blog/tahukah-anda/tentukan-jantina-anak-dengan-kalendar-cina/attachment/image/#respond> [image: image image]<http://selangor2u.com/blog/wp-content/uploads/2010/10/image.png> Conto: Misalkeun umur ibu 27 tahun, hayang boga anak awewe. Numutkeun tabel di luhur, ibu usia 27 tahun, baris ngalahirkeun anak awewe dina bulan: januari, maret, mei, juni, atawa november. 1. Pilih jantina bayi. G=girl, B=boy 2. Toong umur ibu waktu arek ngajuru 3. Toong bulan kelahiran Lamun hayang ngajuru bulan Mei 2010, jadi proses ‘mijahkeun bibit*’ *kudu 9-10 bulan memeh bulan Mei 2010. Jadi dina bulan Juli 2009 kudu satekah polah usaha dina mangsa nu hade keur 'tebar bibit'. Hehehe, duka teuing bener henteuna mah. Cing kanu geus baroga budak bisa disurvey. Carana gampang, inget-inget umur jeung bulan waktu ngalahirkeun, toong bener teu jantina dina tabel. Tah balik deui kana Kala Sunda, cing Bah Oza sugan aya info, dina konteks praktis jiga kumaha eta kalender digunakeunana? <http://selangor2u.com/blog/current-issues/tahukah-anda/tentukan-jantina-anak-dengan-kalendar-cina/attachment/image/>
