Kang Taji, kauseup yeuh si kuring, seja aub milu mairan, Tangtu aya kang Taji, hubungan antara banda antariksa jeung makhluk hirup teh. Anu jelas wae, soal gaya tarik-menarik tea. Dina diri manusa apan aya aspek fisikna anu pasti kapangaruhan ku eta gaya. Para ahli astrologi geus mraktekkeun ieu hubungan dina zodiak jeung horoskop. Ngan, kumaha enas-enasna eta hubungan, khususna dina bab "datang bulan", si kuring teu apal. Anu kungsi kuring narima informasi mah justru hubungan antara caang bulan atawa bulan purnama jeung "ngagolakna" hormon-hormon di satiap makhluk hirup, utamana, hormon "etaeun" :)
Ngeunaan anu akhir bieu disebut, salah sahiji faktana tembong dina mangsa mijah lauk, utamana lauk kancra anu biasa dipijahkeun. Geus jadi pangaweruh umum para patani lauk, yen mijahna lauk kancra teh nalika bulan purnama. Pon kitu deui cenah di jelema. Ari keur bulan purnama teh sok ngadadak gararetek hayang midang, jsb. Pangaweruh ieu penting, upamana wae, pikeun nalingakeun palaputera urang. Nya ulah nepi ka kamalinaan ngabungbang nalika caang bulan. Manfaat sejenna, kang Taji terang ku anjeun hehehe. Ngan, ngan deui wae, apan wujud manusa salaku makhluk hirup teh lain ukur aspek fisik. Aya aspek non-fisik anu penting, diantarana: kasadaran, sumanget, pangaweruh, jeung anu leuwih penting ti eta anu tilu nyaeta kaimanan (anu mangaruhan kana pilihan-pilihan anu mana ieu pilihan-pilihan engkena jadi sabab-musabab dina hubungan sabab jeung akibat dina ieu kahirupan). Jadi, upama zodiak atawa horosokop henteu ampuh atawa pangaruh-pangaruh alam anu kuat teh jadi henteu pati ngaruh, eta kusabab aya usaha-usaha panetralisir ti manusa salaku hasil tina kaimanan, kasadaran, sumanget jeung pangaweruh dina wangun pilihan-pilihan. Kitu sugan. manar 2011/1/15 Akang Tajimalela <[email protected]> > > > Nuhun Mang Hasan kanggo tambihan wawasanana...... > > > Kaleresan sim kuring rek naros, kinten kinten baraya aya anu terang > silsilahna berkaitan antara mahluk hirup jeung benda2 antariksa, salah > sahijina (nu rada gampang) perkawis "datang bulan" keur para wanita, ceunah > wanita anu normal mah anu teu acan terkena " polusi"( polutan kimia jst), > mun bulan caang osok kenging "datang bulan", keur wanita baheula mah memang > kitu ceunah, ayeuna mah tos jarang. Mun enya kitu, kumaha mekanisme na > mempengaruhi na antara bulan jeung "datang bulan".... > > > Nuhun > > TM > > --- Pada *Sab, 15/1/11, mh <[email protected]>* menulis: > > > Dari: mh <[email protected]> > Judul: [kisunda] Kalender jeung Mijahkeun Bibit? > Kepada: "Ki Sunda" <[email protected]> > Tanggal: Sabtu, 15 Januari, 2011, 4:52 AM > > > > > Kalender jeung Mijahkeun Bibit? > > Uing teh reueus, reueusna mah, dumeh urang Sunda boga kalender sorangan. > Boh Kalender Saka Sunda, oge Kalender Kala Sunda. Ngan terus terang we, nepi > ka danget ieu uing teu apal, dina konteks naon eta kalender kiwari > digunakeunana? Mun noong urang Cina, urang Cina ge sarua jeung urang, najan > boga kalender sorangan, kalender nu dipake sapopoe mah Kalender Masehi. > Najan kitu, babah masih oge migunakeun kalender Cina, utamana pikeun hal nu > pakait jeung acara budaya, jiga mieling Pabaru Cina, pesta Kueh Bulan, > astrologi, ngawinkeun, jeung sajabana. > > Salah sahiji kagunaan sejen kalender Cina, cenah bisa dipake pikeun > ngira-ngira mangsa mijahkeun bibit, ngarah bisa diprediksi jalu bikangna. > > Kumaha carana? Guankeun tabel! > > > Share<http://www.facebook.com/sharer.php?u=http%3A%2F%2Fselangor2u.com%2Fblog%2Ftahukah-anda%2Ftentukan-jantina-anak-dengan-kalendar-cina%2Fattachment%2Fimage%2F&t=Tentukan%20Jantina%20Anak%20Dengan%20Kalendar%20Cina%20image%20%E2%80%93%20s2u.my&src=sp> > 0<http://selangor2u.com/blog/tahukah-anda/tentukan-jantina-anak-dengan-kalendar-cina/attachment/image/#respond> > > [image: image > image]<http://selangor2u.com/blog/wp-content/uploads/2010/10/image.png> > > Conto: > > Misalkeun umur ibu 27 tahun, hayang boga anak awewe. > > Numutkeun tabel di luhur, ibu usia 27 tahun, baris ngalahirkeun anak awewe > dina bulan: januari, maret, mei, juni, atawa november. > > > 1. Pilih jantina bayi. G=girl, B=boy > 2. Toong umur ibu waktu arek ngajuru > 3. Toong bulan kelahiran > > Lamun hayang ngajuru bulan Mei 2010, jadi proses ‘mijahkeun bibit*’ *kudu > 9-10 bulan memeh bulan Mei 2010. Jadi dina bulan Juli 2009 kudu satekah > polah usaha dina mangsa nu hade keur 'tebar bibit'. > > Hehehe, duka teuing bener henteuna mah. > > Cing kanu geus baroga budak bisa disurvey. Carana gampang, inget-inget umur > jeung bulan waktu ngalahirkeun, toong bener teu jantina dina tabel. > > Tah balik deui kana Kala Sunda, cing Bah Oza sugan aya info, dina konteks > praktis jiga kumaha eta kalender digunakeunana? > > > > <http://selangor2u.com/blog/current-issues/tahukah-anda/tentukan-jantina-anak-dengan-kalendar-cina/attachment/image/> > > > > > >
