Nuhun Mang Oman...ngan tetep panasaran kunaon caang bulan tiasa mampangaruhan 
kana awak wanita nya? kunaon ayeuna mah heunteu sarua aya anu kenging "datang 
bulan" aya anu heunteu, ceuk cenah mah wanita ayeuna mah tos kena "polusi" nya 
polusi gaya hidup urang.....mun bulan wae tiasa mangaruhan mahluk hirup pastina 
oge planet2 sejen.....
ceuk "ceunah" engke taun 2012 sakabeh planet berada pada satu garis lurus jeung 
bumi, duka tah kumaha pangaruhna ka mahluk nu aya di bumi...sugan aya anu 
terang.

TM
--- Pada Sab, 15/1/11, oman abdurahman <[email protected]> menulis:

Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Kalender jeung Mijahkeun Bibit?
Kepada: [email protected]
Tanggal: Sabtu, 15 Januari, 2011, 11:07 AM















 
 



  


    
      
      
      Kang Taji, kauseup yeuh si kuring, seja aub milu mairan,

Tangtu aya kang Taji, hubungan antara banda antariksa jeung makhluk hirup teh. 
Anu jelas wae, soal gaya tarik-menarik tea. Dina diri manusa apan aya aspek 
fisikna anu pasti kapangaruhan ku eta gaya. Para ahli astrologi geus 
mraktekkeun ieu hubungan dina zodiak jeung horoskop. Ngan, kumaha enas-enasna 
eta hubungan, khususna dina bab "datang bulan", si kuring teu apal. Anu kungsi 
kuring narima informasi mah justru hubungan antara caang bulan atawa bulan 
purnama jeung "ngagolakna" hormon-hormon di satiap makhluk hirup, utamana, 
hormon "etaeun" :)


Ngeunaan anu akhir bieu disebut, salah sahiji faktana tembong dina mangsa mijah 
lauk, utamana lauk kancra anu biasa dipijahkeun. Geus jadi pangaweruh umum para 
patani lauk, yen mijahna lauk kancra teh nalika bulan purnama. Pon kitu deui 
cenah di jelema. Ari keur bulan purnama teh sok ngadadak gararetek hayang 
midang, jsb. Pangaweruh ieu penting, upamana wae, pikeun nalingakeun palaputera 
urang. Nya ulah nepi ka kamalinaan ngabungbang nalika caang bulan. Manfaat 
sejenna, kang Taji terang ku anjeun hehehe.  


Ngan, ngan deui wae, apan wujud manusa salaku makhluk hirup teh lain ukur aspek 
fisik. Aya aspek non-fisik anu penting, diantarana: kasadaran, sumanget, 
pangaweruh, jeung anu leuwih penting ti eta anu tilu nyaeta kaimanan (anu 
mangaruhan kana pilihan-pilihan anu mana ieu pilihan-pilihan engkena jadi 
sabab-musabab dina hubungan sabab jeung akibat dina ieu kahirupan). Jadi, upama 
zodiak atawa horosokop henteu ampuh atawa pangaruh-pangaruh alam anu kuat teh 
jadi henteu pati ngaruh, eta kusabab aya usaha-usaha panetralisir ti manusa 
salaku hasil tina kaimanan, kasadaran, sumanget jeung pangaweruh dina wangun 
pilihan-pilihan.


Kitu sugan.

manar 

2011/1/15 Akang Tajimalela <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      Nuhun Mang Hasan kanggo tambihan wawasanana......
Kaleresan sim kuring rek naros, kinten kinten baraya aya anu terang silsilahna 
berkaitan antara mahluk hirup jeung benda2 antariksa, salah sahijina (nu rada 
gampang) perkawis "datang bulan" keur para wanita, ceunah wanita anu normal mah 
anu teu acan terkena " polusi"( polutan kimia jst), mun bulan caang osok 
kenging "datang bulan", keur wanita baheula mah memang kitu ceunah, ayeuna mah 
tos jarang. Mun enya kitu, kumaha mekanisme na mempengaruhi na antara bulan 
jeung "datang bulan"....

NuhunTM 

--- Pada Sab, 15/1/11, mh <[email protected]> menulis:


Dari: mh <[email protected]>
Judul: [kisunda] Kalender jeung Mijahkeun
 Bibit?
Kepada: "Ki Sunda" <[email protected]>
Tanggal: Sabtu, 15 Januari, 2011, 4:52 AM
















 
 



  


    
      
      
      Kalender jeung Mijahkeun Bibit?

Uing teh reueus, reueusna mah, dumeh urang Sunda boga kalender sorangan. Boh 
Kalender Saka Sunda, oge Kalender Kala Sunda. Ngan terus terang we, nepi ka 
danget ieu uing teu apal, dina konteks naon eta kalender kiwari digunakeunana? 
Mun noong urang Cina, urang Cina ge sarua jeung urang, najan boga kalender 
sorangan, kalender nu dipake sapopoe mah Kalender Masehi. Najan kitu, babah 
masih oge migunakeun kalender Cina, utamana pikeun hal nu pakait jeung acara 
budaya, jiga mieling Pabaru Cina, pesta Kueh Bulan, astrologi, ngawinkeun, 
jeung sajabana.




Salah sahiji kagunaan sejen kalender Cina, cenah bisa dipake pikeun ngira-ngira 
mangsa mijahkeun bibit, ngarah bisa diprediksi jalu bikangna.

Kumaha carana? Guankeun tabel!



        
        
         

                

                
            
                          
        
        






 Share

0

Conto: 
Misalkeun umur ibu 27 tahun, hayang boga anak awewe.
Numutkeun tabel di luhur, ibu usia 27 tahun, baris ngalahirkeun anak awewe dina 
bulan: januari, maret, mei, juni, atawa november.
1.     
Pilih jantina bayi. G=girl, B=boy

2.     
Toong umur ibu waktu arek ngajuru

3.     
Toong bulan kelahiran


Lamun hayang ngajuru bulan Mei 2010, jadi proses ‘mijahkeun bibit’ kudu 9-10 
bulan memeh bulan Mei 2010. Jadi dina bulan Juli
2009 kudu satekah polah usaha dina mangsa nu hade keur 'tebar bibit'.

Hehehe, duka teuing bener henteuna mah.

Cing kanu geus baroga budak bisa disurvey. Carana gampang, inget-inget umur 
jeung bulan waktu ngalahirkeun, toong bener teu jantina dina tabel.



Tah balik deui kana Kala Sunda, cing Bah Oza sugan aya info, dina konteks 
praktis jiga kumaha eta kalender digunakeunana?















    
     

    
    


 



  









    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  










Kirim email ke