Survey noongan istilah basa Sunda nu pakait jeung kedokteran, lumayan geuning cukup euyeub kosakecap nu pakait. Palebah survey basa Sunda nu pakait jeung ekonomi mah, rada minim geuning. Boa-boa aya pakaitna jeung watek urang Sunda, nu teu pati moncorong dina urusan kadunyaan nya? Jigana perlu ditoong leuwih teleb deui.
Cing, ayeuna urang toong, kosakecap basa Sunda nu pakait jeung matematika, naon wae nya? Keur pamuka lawang, urang toong nu pakait jeung nombor. hiji, dua, tilu, opat, lima genep, tujuh, dalapan, salapan, sapuluh, .... jst Cing baraya, lengkepan daftarna
