Hehehe, leupas tina bener salahna, uing mah katarik pikeun noong ulikan jalan pikiran karuhun anu boga kreatifitasna. Sacara globalna aya ulikan nu disebut numerologi, boh nu aya di Cina, India, oge nu sejenna. Meureun hal ieu bisa jadi konsep "numerologi sunda". Kitu deui dina widang matematika, aya nu disebut "ethnomathematics" nu ngahaja notog noong relasi antara matematika jeung budaya. Ceuk implengan uing, kolenjer, itung-itungan poe hade, bulan hade, masih dina kawasan kaelmuan, nu pantes didokumentasikeun salaku rekam jejak pikiran urang sunda.
Kitu manawi. Ari perkara bener, salah, kabeneran mah, sampling statistik, survey rating ge teu aya nu bisa ngagambarkeun kaayaan sagemblengna. 2011/1/21 oman abdurahman <[email protected]> > > > Apan ayeuna aksara Sunda geus robah susunana? Meureun naptuna oge robah. > Dumasar aksara Sunda anu anyar, Ta, Da, Na...jst (Aksara Pakuan), meureun > Naptu Ngaran teh dimimitian ku Ta = 1. Masalah anu maling make palinggeran > naptu dumasar Ha, Na, Ca, Ra, Ka, jst, terus hasil, eta mah kabeneran wae, > lin? > > manar > > 2011/1/21 mh <[email protected]> > > >> >> Urang guruntulkeun ngarah rada kaarah hasilna. >> Cing Kang Gun, baraya koreksi upama aya nu kaliru >> >> Naptu Ngaran ha 1 na 2 ca 3 ra 4 ka 5 da 6 ta 7 sa 8 wa 9 la >> 10 pa 11 dha 12 ja 13 ya 14 nya 15 ma 16 ga 17 ba 18 tha 19 nga >> 20 >> Conto: >> x = II SUMIRAT >> x = I+I+SA+MA+RA >> x = 1+1+8+16+4 = 30 >> >> Upama aya versi sejen, mangga pedar! >> >> 2011/1/21 Gunawan Yusuf <[email protected]> >> >>> >>> >>> naptu keur huruf ha na ca ra ka, panginten aya sababaraha versi, pami >>> abdi mah ha 1 na 2 ca 3 ra 4 ka 5 da 6 ta 7 sa 8 wa 9 la 10 pa 11 dha 12 >>> saterusna dumasar kana urutan huruf >>> >>>
