Seug Mh, sisikian (butir) anu ieu: #sacara globalna aya ulikan nu disebut
numerologi, boh nu aya di Cina, India, oge nu sejenna. Meureun hal ieu bisa
jadi konsep "numerologi sunda". Kitu deui dina widang matematika, aya nu
disebut "ethnomathematics" nu ngahaja notog noong relasi antara matematika
jeung budaya. Ceuk implengan uing, kolenjer, itung-itungan poe hade, bulan
hade, masih dina kawasan kaelmuan, nu pantes didokumentasikeun salaku rekam
jejak pikiran urang sunda.#, kuring satuju pisan. Dalah dina Islam anu
kapanggih ku si kuring oge aya itung-itungan poe hade keur tindakan tinangtu
teh (upamana: indit-inditan penting/ ngumbara alusna dimimitian poe Kemis,
diajar alusna dimimitian poe Rebo, jst). Hanjakal persisna geus poho deui,
kudu dibukaan deui eta literatur anu ti Islam teh.

manar

2011/1/21 mh <[email protected]>

>
>
> Hehehe, leupas tina bener salahna, uing mah katarik pikeun noong ulikan
> jalan pikiran karuhun anu boga kreatifitasna. Sacara globalna aya ulikan nu
> disebut numerologi, boh nu aya di Cina, India, oge nu sejenna. Meureun hal
> ieu bisa jadi konsep "numerologi sunda". Kitu deui dina widang matematika,
> aya nu disebut "ethnomathematics" nu ngahaja notog noong relasi antara
> matematika jeung budaya. Ceuk implengan uing, kolenjer, itung-itungan poe
> hade, bulan hade, masih dina kawasan kaelmuan, nu pantes didokumentasikeun
> salaku rekam jejak pikiran urang sunda.
>
> Kitu manawi. Ari perkara bener, salah, kabeneran mah, sampling statistik,
> survey rating ge teu aya nu bisa ngagambarkeun kaayaan sagemblengna.
>
> 2011/1/21 oman abdurahman <[email protected]>
>
>
>>
>> Apan ayeuna aksara Sunda geus robah susunana? Meureun naptuna oge robah.
>> Dumasar aksara Sunda anu anyar, Ta, Da, Na...jst (Aksara Pakuan), meureun
>> Naptu Ngaran teh dimimitian ku Ta = 1. Masalah anu maling make palinggeran
>> naptu dumasar Ha, Na, Ca, Ra, Ka, jst, terus hasil, eta mah kabeneran wae,
>> lin?
>>
>> manar
>>
>> 2011/1/21 mh <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> Urang guruntulkeun ngarah rada kaarah hasilna.
>>> Cing Kang Gun, baraya koreksi upama aya nu kaliru
>>>
>>>  Naptu Ngaran  ha 1  na 2  ca 3  ra 4  ka 5  da 6  ta 7  sa 8  wa 9  la
>>> 10  pa 11  dha 12  ja 13  ya 14  nya 15  ma 16  ga 17  ba 18  tha 19
>>> nga 20
>>> Conto:
>>> x = II SUMIRAT
>>> x = I+I+SA+MA+RA
>>> x = 1+1+8+16+4  = 30
>>>
>>> Upama aya versi sejen, mangga pedar!
>>>
>>> 2011/1/21 Gunawan Yusuf <[email protected]>
>>>
>>>>
>>>>
>>>> naptu keur huruf ha na ca ra ka, panginten aya sababaraha versi, pami
>>>> abdi mah ha 1 na 2 ca 3 ra 4 ka 5 da 6 ta 7 sa 8 wa 9 la 10 pa 11 dha 12
>>>> saterusna dumasar kana urutan huruf
>>>>
>>>>
>
>  
>

Kirim email ke