Tah geuning nambahan sok ah burudulkeun, urang toong hiji-hiji, sugan
kadokumentasikeun

2011/1/21 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Seug Mh, sisikian (butir) anu ieu: #sacara globalna aya ulikan nu disebut
> numerologi, boh nu aya di Cina, India, oge nu sejenna. Meureun hal ieu bisa
> jadi konsep "numerologi sunda". Kitu deui dina widang matematika, aya nu
> disebut "ethnomathematics" nu ngahaja notog noong relasi antara matematika
> jeung budaya. Ceuk implengan uing, kolenjer, itung-itungan poe hade, bulan
> hade, masih dina kawasan kaelmuan, nu pantes didokumentasikeun salaku rekam
> jejak pikiran urang sunda.#, kuring satuju pisan. Dalah dina Islam anu
> kapanggih ku si kuring oge aya itung-itungan poe hade keur tindakan tinangtu
> teh (upamana: indit-inditan penting/ ngumbara alusna dimimitian poe Kemis,
> diajar alusna dimimitian poe Rebo, jst). Hanjakal persisna geus poho deui,
> kudu dibukaan deui eta literatur anu ti Islam teh.
>
>
> manar
>
> 2011/1/21 mh <[email protected]>
>
>>
>>
>> Hehehe, leupas tina bener salahna, uing mah katarik pikeun noong ulikan
>> jalan pikiran karuhun anu boga kreatifitasna. Sacara globalna aya ulikan nu
>> disebut numerologi, boh nu aya di Cina, India, oge nu sejenna. Meureun hal
>> ieu bisa jadi konsep "numerologi sunda". Kitu deui dina widang matematika,
>> aya nu disebut "ethnomathematics" nu ngahaja notog noong relasi antara
>> matematika jeung budaya. Ceuk implengan uing, kolenjer, itung-itungan poe
>> hade, bulan hade, masih dina kawasan kaelmuan, nu pantes didokumentasikeun
>> salaku rekam jejak pikiran urang sunda.
>>
>> Kitu manawi. Ari perkara bener, salah, kabeneran mah, sampling statistik,
>> survey rating ge teu aya nu bisa ngagambarkeun kaayaan sagemblengna.
>>
>> 2011/1/21 oman abdurahman <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> Apan ayeuna aksara Sunda geus robah susunana? Meureun naptuna oge robah.
>>> Dumasar aksara Sunda anu anyar, Ta, Da, Na...jst (Aksara Pakuan), meureun
>>> Naptu Ngaran teh dimimitian ku Ta = 1. Masalah anu maling make palinggeran
>>> naptu dumasar Ha, Na, Ca, Ra, Ka, jst, terus hasil, eta mah kabeneran wae,
>>> lin?
>>>
>>> manar
>>>
>>> 2011/1/21 mh <[email protected]>
>>>
>>>
>>>>
>>>> Urang guruntulkeun ngarah rada kaarah hasilna.
>>>> Cing Kang Gun, baraya koreksi upama aya nu kaliru
>>>>
>>>>  Naptu Ngaran  ha 1  na 2  ca 3  ra 4  ka 5  da 6  ta 7  sa 8  wa 9  la
>>>> 10  pa 11  dha 12  ja 13  ya 14  nya 15  ma 16  ga 17  ba 18  tha 19
>>>> nga 20
>>>> Conto:
>>>> x = II SUMIRAT
>>>> x = I+I+SA+MA+RA
>>>> x = 1+1+8+16+4  = 30
>>>>
>>>> Upama aya versi sejen, mangga pedar!
>>>>
>>>> 2011/1/21 Gunawan Yusuf <[email protected]>
>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>> naptu keur huruf ha na ca ra ka, panginten aya sababaraha versi, pami
>>>>> abdi mah ha 1 na 2 ca 3 ra 4 ka 5 da 6 ta 7 sa 8 wa 9 la 10 pa 11 dha 12
>>>>> saterusna dumasar kana urutan huruf
>>>>>
>>>>>
>>
>>
>  
>

Kirim email ke