From: "Waluya" [email protected] 

Tapi saentasna wafat Kangjeng Nabi, binih-binih cekcok ieu mimiti mucunghul 
deui, pangpangna waktu jaman Khalifah Usman. Usman nu katurunan Bani Ummayah 
teu pati ditarima ku Bani Hasyim. Di Jaman Kahlifah Ali mumusuhan ieu beuki 
ngagedean, nu saterusna tepika aya tragedi Karbala, putuna Kangjeng Nabi 
ditelasan ku anakna Muawiyah. 

Jadi sabenerna mah masalah politik lain masalah agama, ngan cilakana ku 
perjalanan waktu, pertentangan politik ieu asup kana "agama", jadi Kayakinan. 
Tah lamun geus asup ka masalah kayakinan, teu mungkin deui dihijikeun, da loba 
nu teu saruana: Ti mimiti soal sajarah nu versina beda, tepi ka masalah ritual 
nu "sarupa tapi teu sarua" ...... 

==========================

Hade analisa teh. Satuju pisan.
Kuring anu kurang leuwih diajar politik salila 5 taun di paguron Unpad, boga 
kasimpulan
sarua.  Leres, politik sareng agama mah "serupa tapi tak sama", mirip.
Hukum lahir tina solusi pasualan politik, politik ngamasalahkeun soal bagi-bagi 
kakuasaan.
Kakuasaan anu aya dina kahirupan di hiji komunitas/bangsa.
Jadi pasualan pelik nepi ka jaman ayeuna ti jaman baheula. Lamun sumber hukumna 
hasil pamikiran manusa disebut hukum sekuler. Lamun sumber hukumna dicandak 
tina Qur'an jeung Hadits disebutna anti sekuler. 
 
heup heula. ah.  
 





      

Kirim email ke