> Akang Tajimalela <tajimalela2009@...> wrote:
> Kang JB didieu mah sim kuring teu ngomongkeun naon aliranana...tapi
> mun nigali sajarah mah jiga kitu.......mun bener mah pasti bisa
> ngahiji!!
Syiah jeung Sunni mah bakal hese ngahijina, ari lain mustahil mah. Pertentangan
Bani Hasyim jeung Bani Ummayah geus aya ti samemeh Islam lahir. Pertentangan
ieu asal muasalna mah dina ngurus Kabah sabab Kabah keur urang Mekkah jaman
harita (suku Quraisy) boga niley ekonomi, unggal taun suku-suku Arab sok
karumpul, ngalaksanakeun ibadah Haji (ibadah Haji geus aya ti samemeh Islam
lahir). Tah ku karumpulna timana-mana, jelas mere kauntungan ka penduduk
Mekkah, komo kanu pengelola Kabah mah. Ieu nu jadi bahan cekcok antara Hasyim
(karuhunna Kangjeng Nabi sareng Ali) jeung Ummayah (karuhunna Muawiyah jeung
Khalifah Usman). Cekcok ieu terus turun, ngan eureun waktu Abu Sofyan katut
anakna Muawiyah asup Islam jeung salah saurang anak awewe Abu Sofyan ditikah
ku Kangjeng Nab. Kajadian ieu sabada kanjeng Nabi naklukeun Mekkah.
Tapi saentasna wafat Kangjeng Nabi, binih-binih cekcok ieu mimiti mucunghul
deui, pangpangna waktu jaman Khalifah Usman. Usman nu katurunan Bani Ummayah
teu pati ditarima ku Bani Hasyim. Di Jaman Kahlifah Ali mumusuhan ieu beuki
ngagedean, nu saterusna tepika aya tragedi Karbala, putuna Kangjeng Nabi
ditelasan ku anakna Muawiyah.
Jadi sabenerna mah masalah politik lain masalah agama, ngan cilakana ku
perjalanan waktu, pertentangan politik ieu asup kana "agama", jadi Kayakinan.
Tah lamun geus asup ka masalah kayakinan, teu mungkin deui dihijikeun, da loba
nu teu saruana: Ti mimiti soal sajarah nu versina beda, tepi ka masalah ritual
nu "sarupa tapi teu sarua" ......
Kulantaran musatahil dihijikeun, hiji-hiji cara nya kudu silih hormati, alias
toleransi tea. Jeung pangpangna mah sarerea kudu sadar yen pertentangan ieu/
beda ieu, UKUR WARISAN NU GEUS 14 ABAD. Naha perlu warisan mumusuhan ieu
terus-terusan dilanggengkeun?
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/