Hanjakalna, kalolobaan rahayat urang jeung para pamingpin urang "lain kang Jalal" anu luas ambahanana. dalah para pangagung MUI oge jigana teu aya anu "pamikiranana" sataraf kang Jalal.
Kololobaanana pamikira urang mah kieu tah, di Islam mah nabi/utusan Allah pangahirna nya Muhammad. Upama aya sabagean urang Islam anu boga kayakinan aya deui Nabi pangahirna, ceuk MUI mah tong make embel-embel Islam, nyieun agama anyar wae. Tapi tetep keukeuh peuteukeuh make embel-embel Islam bari jeung tetep ngayakeun kagiatan anu nyigeung akidah Umat Islam. Puguh wae atuh lir ibarat bensin jeung seuneu, paamprok nya langsung "kahuruan". Kitu meureun gambaran kajadian anu kaalaman di Cikeusik jeung tempat-tempat sejenna. Eta cenah ceuk para "pendekar" HAM ngalanggar kabebasan jalma ngalaksanakeun ibadah. Ayeuna urang balik pertanyaanana, ari ngaku-ngaku Islam bari jeung nambah-nambah ajaran Islam anu teu sarua jeung "mainstream" ajaran Islam kaasup ngalanggar HAA (Hak Azasi Agama) heunteu? Pikeun bahan bandingan, nu kumaha ari toleransi agama jeung hak azasi manusia diterapkeun aya dongeng siga dihandap ieu. Waktu kuring jeung pamajikan ngalaksanakeun ibadah haji tahun 2008, ustad pembimbing haji kuring ngajak jalan-jalan di sabudeureun masigit Nabawi. Sababaraha ratus meter ti buruan masigit nabawi, aya masigit Ali Bin abu Thalib, Khalifah nu kaopat tea. di Masigit Nabawi salian ti Nabi Muhammad, oge dikurebkeun khalifah Abubakar jeung Umar. Sababarha ratus meter ti masigit Ali aya deui Masigit Abubakar. Eta dua masigit ( Abubakar jeung Ali), jarakna masih ngan sababaraha ratus meter wae ti masigit Nabawi. Atuh dina poe-poe anu tinangtu, masigit Ali dipinuhan ku jamaah ti suklakna ti siklukna, utamana jamaah ti Iran. Para jamaah anu ngarumpul teh salian ti ngayakeun shalat saperti biasana, oge ngalakukeun ritual sejenna anu biasa dilaksanakeun ku urang Islam (Syi'ah). Pamerentah Arab di Madinah heunteu ngalarang atawa ngabubarkeun jamaah anu aya di masigit Ali. HAre-hare wae. Sabab urang Syi'ah nyakseni Muhammad Nabi paling akhir anu mawa risalah Al Qur'an, sok sanajan aya pendapat ti kalangan Syi'ah, ceuk cenah Allah teh "salah alamat" ngutus Nabi Muhammad sabage nabi pamungkas. Anu pantes jadi Nabi pamungkas mah Ali bin Abu Thalib. Ajaran syi'ah mah teu pati ekstrim pisan dina perkara kanabian ieu. Anu leuwih ektrim mah cenah urang Islam aliran Baha'i anu pusatna di India. Jiga kumaha aliran baha'i ieu, mangga kanu ahlina dipedar langkung paos. rumaos simg kuring mah teu patos 'mendalami'. baktos, mrachmatrawyani ________________________________ From: Waluya <[email protected]> To: [email protected] Sent: Mon, February 7, 2011 11:05:30 PM Subject: Re: [kisunda] Menuju Agama Madani > From: <[email protected]> > Kang Jalal—demikian sapaan akrabnya—fasih mengulas hal ini. Maklum saja, > dia punya pengalaman bergumul dengan > persoalan hubungan antaragama, mengkaji berbagai pemikiran keagamaan, > berjumpa banyak tokoh dunia, serta menulis > sejumlah buku. Dia juga aktif mengajar di kampus dan mengentalkan gagasan > pluralisme lewat sejumlah lembaga > keagamaan. Ironisna, waktu artikel ieu medal dina Kompas poe Minggu kamari, aya kajadian 3 urang perlaya jeung 5 urang tatu parna di Cikeusik Pandeglang ku kaributan masalah agama. Kaributan ieu siga nu "diteruskeun" di Temanggung Jawa tengah poe ayeuna pisan. Sigana usaha-usaha nu dijalankeun ku Kang Jalal teh, jauh keneh tepi kana tujuanana ..... WALUYA ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
