Sapuk Mj,

Parentah jeung larangan teh, dina sababaraha kasus, gradual atawa nungtutan
turunna, diluyukeun jeung kaayaan ummat harita. Ieu teh patali jeung Al
Qur'an anu dhohirna disabdakeun ku kanjeng Nabi saw anu engkena diapalkeun
laju dicatet ku para sahabatna tug nepi ka jadina Al Qur'an siga ayeuna.
Anapon turunna ti "langit" ka jasmani & rohani kangjeng Nabi saw mah, ceuk
sakaol, sakaligus, nyaeta dina malem anu mulia tea (lailatul qodar tea).

Turun anu sakaligus, naha teu kaasup jabariah (determinisme) - pedah di
jerona siga geus nangtukeun sagala rupa - ieu al Qur'an (baca: Pangeran)
teh? Ieu patarosan filosofis pisan. Sababaraha ulama maparin konci pikeun
jawabanana. Saurna: anu terang kana hiji hal (pikahareupeun komo ka tukang
mah) teu kudu salilana ngatur (nangtukeun) kana eta hal. Upamana, lamun
urang terang isuk panonpoe baris mucunghul di wetan, teu kudu hartina urang
milu ngatur/nangtukeun lalampahan panonpoe. Jeung deui, kangaranan waktu mah
eta keur manusa, keur Pangeran mah teu kawates ku waktu. Pangeran anu
ngagaduhan (ngatur)  waktu, lain sabalikna.

Cag heula.

manar

2011/2/17 mang jamal <[email protected]>

>
>
> islam jaman adam, nuh, jsb saacan muhammad saw sanes islam dina
> konteks ayeuna. tapi dumasar kana 'rundayan carita', benang merahna
> islam.
>
> islam oge ajaran nu teu langsung kumplit cara ayeuna, saatos qur'an &
> hadist lengkep. qur'an oge apan turuna gradual. saacan aya ayat nu
> ngaharamkeun hamar, sarupaning arak nu matak nu matak mabok, hamar eta
> biasa diarinum urang arab. sanggeus kabukti efekna leuwih loba
> negatifna, nya turun ayat qur'an nu ngaharamkeunana.
>
>
> On 2/16/11, Maman <[email protected]> wrote:
> > Numutkeun aakuan hiji ulama (duka hilap deui), ceunah, Adam, Nuh,
> Ibrahim,
> > Isa kaasup "Islam".
> > Anu jadi pertanyaan kuring, lamun bener eta akuan, kumaha sahadatna ?
> >
> > On Wed Feb 16th, 2011 11:03 AM ICT MRachmat Rawyani wrote:
> >
> >>Perkara Adam anu diaku sabage "bapa" na turunan Urang Kanekes (Baduy),
> >> kuring
> >>kantos ngobrol sareng Prof. Kusnaka Guru Besar Unpad dina hiji acara.
> >>Ceuk inyana teh, cenah bisa jadi luluhur Urang Kanekes pernah ngobrol
> >> sareng
> >>saurang ulama anu ngajelaskeun perkara Islam, tapi can rengse obrolan
> kana
> >> inti
> >>pasualan agama Islam. Ti dinya jigana dikenal istilah Adam teh. Hal ieu
> teh
> >>
> >>nunjukkeun yen ti jaman baheula Urang Kanekes teh tos aya "interaksi"
> jeung
> >>
> >>dunya luar. Teu matak heran, soalna pan Kanekes teh jauh ti laut, tapi
> >> kabutuhan
> >>uyah pasti dipasok ti luar wewengkon Kanekes.
> >>
> >>Kadua bandingkeun carita mitos Urang Dayak, sakumaha anu dipedar ku (alm)
> >> Abah
> >>Surya waktos acara seminar/konferensi di Bogor, luluhurna Urang Dayak teh
> >> cenah
> >>asalna teh ti luluhurna Urang Sunda. Mitos ieu oge aya, jigana hasil tina
> >>interaksi luluhur urang Dayak jeung sukubangsa di luar Dayak.
> >>
> >>Kacindekanana, sok sanajan hiji sukubangsa terasing atawa "mengasingkan
> >> diri" ti
> >>dunya peradaban umumna, pasti wae aya interaksi jeung suku sejen, anu
> >> tiasa
> >>katingali tina carita/mitos, bahasa, pakaian, peralatan sjb.
> >>
> >>mrachmatrawyani
> >>
> >>
> >>
> >>
> >>________________________________
> >>From: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
> >>To: [email protected]
> >>Sent: Tue, February 15, 2011 6:41:29 PM
> >>Subject: Re: [kisunda] Re: Sunda
> >>
> >>
> >>
> >
> >
> >
> >
>  
>

Kirim email ke