Punten kang Imun, kumaha upami patarosanana dibalikkeun kieu: naha urang Sunda 
Priangan (eks jajahan Mataram) teu daek ngahiji njeung Banten?
Saleresna teu kedah diadu-adu antawis Sunda Priangan sareng Sunda Banten. 
Sadayana oge Sunda. Ngan gara-gara penjajahan Mataram sareng Demak nya Sunda 
janten paburincay, Cirebon budayana robih janten langkung caket ka Jawa 
(Mataram), Priangan oge budayana rada kapangaruhan ku Jawa (Mataram), oge 
Banten kaler robih budayana janten Jawa (Demak). Ayeuna waktosna ngahijikeun 
deui Sunda. Carana kumaha? Carana mah ulah ngawilah-wilah Sunda Banten vs 
Priangan sareng (kanggo kang Ilen saparakanca) ulah ngawilah-wilah agama asli 
vs agama Islam.



--- On Fri, 2/18/11, [email protected] <[email protected]> wrote:

From: [email protected] <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Re: Di ewe Lurah
To: [email protected]
Date: Friday, February 18, 2011, 9:15 PM















 
 



  


    
      
      
      

Soal akuan yen banten teh ngaku sunda, hampura kuring neopika ayeuna can 
percaya, sabab ayeuna kanyataana jeung ti jaman eyang siliwangi urang banten 
teu hayang ngahiji jeung sunda. Kuring ge teu ngarti ka urang banten jeung 
cirebon, ongkoh bahasana sunda, tapi embung ngahiji jeung sunda nu lainna, nya 
kuring (mungkin loba nu lainna) nganggap yen banten teh embung disebut sunda 
:)Powered by Telkomsel BlackBerry®From:  "Tubagus Rifki L" <[email protected]>
Sender:  [email protected]
Date: Sat, 19 Feb 2011 02:08:10 -0000To: <[email protected]>ReplyTo:  
[email protected]
Subject: [kisunda] Re: Di ewe Lurah

 



    
      
      
      Banten basana Sunda (sawareh.) Menarik oge eta di fb aya akun Kamus 
Pandeglang-Rangkasbitung. Kunaon teu aya Kamus Banten?



Disambungkeun jeung pendapat BahIm yen Banten lain Sunda, sabab baheula pernah 
'makar.'



Memang basa di wewengkon Banten dialekna beda jeung nu di wewengkon priangan, 
tapi masih ka asup kategori basa Sunda.



Kunaon aya milis Kisunda? Ieu nunjukeun yen masalah identitas etnis masih keneh 
jadi hal nu 'penting' keur sabagean wargana.



Maka balik ka carita ka-etnis-an Sunda, bahasa jadi faktor ciciren nu penting 
di samping faktor-faktor budaya nu liana.



Sunda oge aya nuansa. Heunteu ukur hideung jeung putih. Bisa jadi naon nu 
disebat sopan ku BahIm di tasik, di Pandeglang mah 'malakasadur' (ka asup 
omongan jelema 'owah')



Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu

TiRiLik



--- In [email protected], halimun_an@... wrote:

>

> Sabar kang rifki ulah emosian siga jang ibro nya, da manehna mah volume 
> uteukna leutik..

> 

> Maksud kuring, aya sunda lemes, sunda rada kasar, sunda kasar. Nu lemes ceuk 
> umum disebut basa sopan, da maenya kuring di kantor misalna dina obrolan 
> nyebut uwa ewe, atuh dicabok ku batur..

> 

> Ari banten mah rarasaan basa na sunda, kecuali nu di basisir kacampuran jawa. 
> Tapi aya campuran basa sumatrana jiga nyebut sekoleh cenah. Nu teu daekeun 
> make basa sunda mah tuh di cirebon, indramayu jsb. Eta mah jelas maranehna 
> leuwih bangga make basa jawa batan sunda.

> 

> Sakali deui ulah diasupkeun kana hate nya bah rifki, sabar, ulah jiga ibro 
> bin kuriwil

> Powered by Telkomsel BlackBerry®

> 

> -----Original Message-----

> From: "Tubagus Rifki L" <tbrifki@...>

> Sender: [email protected]

> Date: Sat, 19 Feb 2011 01:32:59 

> To: <[email protected]>

> Reply-To: [email protected]

> Subject: [kisunda] Re: Di ewe Lurah

> 

> Basa Sunda priangan sopan. Basa Sunda Banten teu sopan. Atawa lain basa Sunda?

> 

> Kumaha tah bahIm?

> 

> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu

> TiRiLik

> 

> --- In [email protected], halimun_an@ wrote:

> >

> > Basa sunda priangan mah, sopan

> > Powered by Telkomsel BlackBerry®

> > 

> > -----Original Message-----

> > From: oman abdurahman <omanarah@>

> > Sender: [email protected]

> > Date: Sat, 19 Feb 2011 08:07:23 

> > To: <[email protected]>

> > Reply-To: [email protected]

> > Subject: Re: [kisunda] Di ewe Lurah

> > 

> > Sahenteuna, aya beda kecap dasar antara di (basa Sunda) Priangan jeung (basa

> > Sunda) Pandeglang atawa Banten. Maksudna basa Sunda Priangan nyaeta basa

> > Sunda anu ilahar digunakeun di Jawa Barat (Tatar Sunda), khususna

> > patenganan. Anapon basa SUnda Pandeglang nya basa Sunda wewengkon Banten

> > tea.

> > 

> > Di Priangan: awewe, sedengkeun di Pandeglang/Banten: ewe. Tapi, di Priangan

> > oge kalan-kalan digunakeun kecap "ewe" dina harti "awewe". Upamana wae: "ewe

> > randa", maksudna: awewe anu kungsi kawin tapi ayeuna keur lalajangan.

> > 

> > Tah, ayeuna nincak kana kecap "ngewe" (hampura lain jorang atawa porno, ieu

> > mah ukur keur kaperluan guaran anu netral wae, soal basa) di Priangan anu

> > minangka kecap loma atawa condong kasar tina kecap sapetemon, jima, atawa

> > dina basa Indonesia-na mah: "berhubungan badan" tea. Timana eta kecap asal

> > muasalna? SIgana wae lamun diudag tina kecap dasarna, "awewe" tea, eta kecap

> > teh tina rarangken "nga" jeung "awewe". Conto sejenna: nga + hiji -->

> > ngahiji, nga + baju (kabiasaan)--> ngabaju (biasa), nga + rangkep -->

> > ngarangkep, jst. Mun teu salah, di Padeglang / Banten, ngewekeun (tina nga +

> > ewe/awewe + keun) hartina = ngawinkeun (lain kitu kang Tubagus?). Jadi,

> > lamun teu ngagunakeun perasaan mah kecap "ngewe" teh sarua wae jeung kecap

> > "kawin".

> > 

> > Pakait jeung "awewe" ieu aya ke "rabi" (contona: laki rabi anu hartina rumah

> > tangga atawa suami isteri). "Rarabi" dina basa Sunda hartina boga pamajikan,

> > lain? Naha kecap "rabi" di dieu hartina sarua jeung "awewe" oge? Leuwih

> > pasna: "isteri" atawa "bojo"?

> > 

> > Cag.

> > 

> > manar

> > 

> > 2011/2/19 Akang Tajimalela <tajimalela2009@>

> > 

> > >

> > >

> > > Kepala dinasna urang sumedang nuju inspekpsi ka kelurahan2 dirangkas...

> > >

> > >

> > > "Pak lurah titadi simkuring didieu teu ningali pamajikan bapak, kamana?"

> > >

> > > "Tos tilu dinten di ewe pak camat"

> > >

> > > "Euleuh eta camat...."

> > >

> > > "Isukan pak camat rek hajat..."

> > >

> > >

> > > TM

> > >

> > > --- Pada *Jum, 18/2/11, Tubagus Rifki L <tbrifki@>* menulis:

> > >

> > >

> > > Dari: Tubagus Rifki L <tbrifki@>

> > > Judul: [kisunda] Di ewe Lurah

> > > Kepada: [email protected]

> > > Tanggal: Jumat, 18 Februari, 2011, 3:56 PM

> > >

> > >

> > >

> > >

> > > Ieu aya carita folklor ti Banten, jang urang Sunda.

> > >

> > > Baheula aya hiji aki2 keur ngobrol jeung hiji jajaka.

> > > Aki2 : ari ewe aing kamana budak..

> > > Pamuda : atu teu nyaho bah...

> > > Aki2 : piraku dia teu nyaho lain titatadi ngajedog didieu..

> > > Pamuda : aih heueuh bah,ewe abah tadi nempo di ewe lurah..

> > > Aki2 : ooooh ...heueuh hade ari di ewe lurah mah...

> > >

> > > (Disadur dari status fb - Kamus Basaha Pandeglang Rangkasbitung, oleh Agus

> > > Sallaby)

> > >

> > > Katuran,

> > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu

> > > TiRiLik

> > >

> > >

> > >  

> > >

> >

>





    
     

    










    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke