Baraya, Kang Samantho anu rajin neruskeun panalungtikann ngeunaan Atlantis teh, utamana ngaliwatan link jeung kajian tulisan2 (dekstop study). Patali jeung isu "Atlantis", aya sababara panalungtikan ngeunaan hadirna sababara piramid ti mangsa anu geus kaliwat di Bumi Nusantara (prak pariksaan deui riset2 ti Turangga Seta). Anu matak narik, eta panalungtikan ayeuna geus lain ukur ti beungeutna (permukaan alias morfologi) wae, malah geus mimiti nalungtik kumaha kaayaan sturktur taneuh/batuan di jerona make teknik indirect survey tea, diantarana: survei geolistrik.
Salah sahiji hasil survei geolistrik ka hiji pasir (bukit) atawa gunung leutik anu wangunna memang siga piramid anu aya di wewengkon Bandung kidul (Jelegong, Kotawaringin/baheula mah Soreang, Bandung). Gunung Lalakon ngaranna teh. Warta salengkepna ngeunaan eta survei, hasil jeung diskusina bisa dipaluruh di alamat website kang Samantho di handap ieu: http://ahmadsamantho.wordpress.com/2011/02/26/berburu-piramida-nusantara-atlantis/ Dina link eta warta, aya peta lokasi-lokasi gunung wangun piramid anu "nyurigakeun" di Nusantara, oge hasil survei geolistrik di gunung Lalakon leuwih rinci (upamana: http://sorot.vivanews.com/news/read/206600-infografik--menjelajahi-jejak-piramida) Aya deui lokasi anu rada dicurigaan teh nyaeta di daerah Sukahurip, Pengatikan, Kabupaten Garut, Jawa Barat, sakumaha dina cutatan tina warta di luhur ieu: "Tapi Andang kemudian mengaku, selain ke Gunung Lalakon di Bandung, juga ia mendampingi tim Turangga Seta menguji bukit serupa di daerah Sukahurip, Pengatikan, Kabupaten Garut, Jawa Barat.". Andang teh nami lengkepna Dr. Andang Bachtiar, ketua IAGI manten (IAGI = Ikatan Ahli Geologi Indonesia). Memang, anjeunna tacan percaya pisan kana isu gunung salaku pependeman piramid Nusantara baheula atawa Nusantara Atlantis teh, tapi, keur panalungtikan mah anjeunna kacida nyimpen perhatianana. Jadi, usaha pikeun neangan manfaat tina isu Atlantis Sundaland teh teu eureun pikeun anu aya minat mah. manar ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
