2011/3/4 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

>
>
> aeh, nhn kana ingpona mangH.
> kaleresan budak abdi graphic designer ti itb. janten gaduh komunitasna.
> hoyong ditepangkeun sareng budak pencipta/penggagasna?(settingna dirobih teu
> aya masalah. biasa, wajar.)
> tapi kode etikna kumargi tos dipeser/jual lepas ka pengusaha m'sia memang
> kdh gentlement.
>

Jaman kiwari mah, neangan alamat teh, teu jiga jaman ngutus japati keur
ngirim surat. Komo apan eta tuang putra teh ti paguron anu sakitu kawentarna
sa Nusantara. Aya rupa-rupa media komunikasi nu bisa digunakeun. Hehehe.

sawios ath ari memang kitumah. sae pamadegan mangH. hidup kreativitas
> m'sia.!
>

Ari uing mah sederhana we mikirna, sabab ngarumasakeun jalma biasa. Ceuk
pamadegan uing tiap bangsa, tiap etnis, tipa mangkeluk ge tangtu boga
kteatifitas sewang-sewangan. Jadi lain rek dengdek ka salah sahiji pihak, da
rek dengdek kamana-mana ge can tangtu aya mangpaatna.

Perkara urang Malaya, sacara sejarah akar budayana nya asalna ti Indonesia.
Nu disebut urang Malayu teh pan cikal bakalna ti kawasan Sumatra.
Semenanjung Malaya bisa disebutkeun daerah kawasan anyar. Pendudukna umumna
asalna imigran ti Sumatra, Jawa, Bugis, Madura jeung sajabana. Malah sultan
nu kiwari ngawasa ge apan aya nu turunan Bugis, turunan Minang. Malah
Perdana Mentri Malaya kiwari, turunan Bugis.

uin pernah saminggu di kelantan,saminggu di KL, ningali barudak sakola
> dialajar ngabatik, iraha di urang aya nu kitu?
> da m'sia mah paling tiasa mengemas. janten pasti moal ngaku. sok nepi ka
> kumaha oge.
>

Perkara ngabatik, lain wae bisa kapanggih di sakola, tapi oge dijadikeun
salah sahiji atraksi promosi wisata. Di Pulo Langkawi, pulo nu ngahaja
diwangun keur destinasi wisata, malah aya demontrasi ngabatik nu ditawarkeun
ka wisatawan. Wisatawan bisa nyobaan ngabatik sorangan.

-mh-

Kirim email ke