ah, etamah tinggal bukti buktina we anu bakal bermunculanan terus,
keur penguatan data. pokona ATLANTIS GEUS AKSIOMA AYA DI SUNDALAND!,
KITU WE. di nagara batur mah, karak issue Atlantis, geus bisa
ngadatangkeun piduiteun make sagala cara. NAAAAA..... ari di urang mah
ngan saukur "padurenyomna" wungkul. ciiik atuh baraya, buruan  geura
nyieun pilem "science fiktif" ngeunaan SUNDALAND tempatna kawasan
ATLANTIS. moal teu burung payu geura. cukup ku Tilu sumber. kaHiji,
data ti Aryoso Santos. kaDua data ti Stephen Opheneimer, data2 gn
SUNDA jsbna. kaTilu, data ti Puun Cibeo"KABEH GEH ASAL TI SUNDA; PEK
PALURUH KU DIA!; KU NGAING DITAPAAN!" cukup bisa jadi carita anu hebat
pan? maenya carita dewa2 Yunani anu leuwih fiktip tibatan Atlantis
bisa payu, ari carita Sundaland anu leuwih ilmiah teu bisa payu?
carita siKabayan, Lutung Kasarung, Sangkuriang etamah 'lokalan'
teuing. cik atuh geura nyieun anu 'interlokal'na.  kamarana sih Urang
Sunda? Rek nungguan urg Malaysia deui wae anu ngalaksanakeun, ciga
carita Upin jg Ipin buatan urg anu dibeuli ku manehna? cigana mah kudu
kitu boa. Cag,Rampes! hn*R3M

On 2/26/11, oman abdurahman <[email protected]> wrote:
> Baraya,
>
> Kang Samantho anu rajin neruskeun panalungtikann ngeunaan Atlantis
> teh, utamana ngaliwatan link jeung kajian tulisan2 (dekstop study).
> Patali jeung isu "Atlantis", aya sababara panalungtikan ngeunaan
> hadirna sababara piramid ti mangsa anu geus kaliwat di Bumi Nusantara
> (prak pariksaan deui riset2 ti Turangga Seta). Anu matak narik, eta
> panalungtikan ayeuna geus lain ukur ti beungeutna (permukaan alias
> morfologi) wae, malah geus mimiti nalungtik kumaha kaayaan sturktur
> taneuh/batuan di jerona make teknik indirect survey tea, diantarana:
> survei geolistrik.
>
> Salah sahiji hasil survei geolistrik ka hiji pasir (bukit) atawa
> gunung leutik anu wangunna memang siga piramid anu aya di wewengkon
> Bandung kidul (Jelegong, Kotawaringin/baheula mah Soreang, Bandung).
> Gunung Lalakon ngaranna teh. Warta salengkepna ngeunaan eta survei,
> hasil jeung diskusina bisa dipaluruh di alamat website kang Samantho
> di handap ieu:
> http://ahmadsamantho.wordpress.com/2011/02/26/berburu-piramida-nusantara-atlantis/
>
> Dina link eta warta, aya peta lokasi-lokasi gunung wangun piramid anu
> "nyurigakeun" di Nusantara, oge hasil survei geolistrik di gunung
> Lalakon leuwih rinci (upamana:
> http://sorot.vivanews.com/news/read/206600-infografik--menjelajahi-jejak-piramida)
>
> Aya deui lokasi anu rada dicurigaan teh nyaeta di daerah Sukahurip,
> Pengatikan, Kabupaten Garut, Jawa Barat, sakumaha dina cutatan tina
> warta di luhur ieu: "Tapi Andang kemudian mengaku, selain ke Gunung
> Lalakon di Bandung, juga ia mendampingi tim Turangga Seta menguji
> bukit serupa di daerah Sukahurip, Pengatikan, Kabupaten Garut, Jawa
> Barat.". Andang teh nami lengkepna Dr. Andang Bachtiar, ketua IAGI
> manten (IAGI = Ikatan Ahli Geologi Indonesia). Memang, anjeunna tacan
> percaya pisan kana isu gunung salaku pependeman piramid Nusantara
> baheula atawa Nusantara Atlantis teh, tapi, keur panalungtikan mah
> anjeunna kacida nyimpen perhatianana.
>
> Jadi, usaha pikeun neangan manfaat tina isu Atlantis Sundaland teh teu
> eureun pikeun anu aya minat mah.
>
> manar
>


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke