Nuhun Mh tos mosting ngeunaan waktu dina budaya Sunda. Tina hiji jihat, memang pantaan waktu dina budaya Sunda ieu kurang presisi dina soal itungan (patali henteu aya ebrehan angka nepi ka menit). Tapi, tina jihat sejen, tataan waktu saperti kitu teh ngebrehkeun deskriptif kaayan (alam atawa tindakan manusa umumna) dina waktu-waktu anu disebutkeun. Oge nuduhkeun tanda kuat kana konsep siklus waktu. Salah sahiji wangun kabeungharan budaya.
Aya catetan saeutik. Pk 07.00 biasana, anu kuring mindeng manggihan, disebut "Meletek Srangenge"; jeung pk 20.00 disebut "Sareureuh Budak" (lain sabalikna: "Budak Sareureuh"). manar 2011/2/26 Ki Hasan <[email protected]> > > > Beunang nyalin tina FB Ambu Dian: > > MASIHAN manawi kaanggo ku balareya (TANGTUNG WAKTU ANU NYUNDA) > by Richadiana Kartakusuma on Saturday, February 26, 2011 at 10:27am > > 01.00 = Tumorek > > 02.00 = Janari Leutik > > 03.00 = Janari Gede > > 04.00 = Kongkorok Hayam > > 05.00 = Balebat > > 06.00 = Carangcang Tihang > > 07.00 = Meletek Panon Poe > > 08.00 = Ngaluluh Taneuh > > 09.00 = Haneut Moyan > > 10.00 = Rumangsang > > 11.00 = Pecat Sawed > > 12.00 = Tangenge > > > > 13.00 = Lingsir > > 14.00 = Kalangkang Satangtung > > 15.00 = Mengok > > 16.00 = Tunggang Gunung > > 17.00 = Sariak Layung > > 18.00 = Sareupna > > 19.00 = Harieum Beungeut > > 20.00 = Budak Sareureuh > > 21.00 = Tumoke > > 22.00 = Sareureuh Kolot > > 23.00 = Indung Peuting > > 24.00 = Tengah Peuting > > > http://www.facebook.com/notes/richadiana-kartakusuma/masihan-manawi-kaanggo-ku-balareya-tangtung-waktu-anu-nyunda/10150103275379475 > > > > >
