Enya, jigana anu ditulis dina wikipedia teh dumasar kana pangalaman entragan anyar kaasup kang Kandar, mang. ha ha ha. Seukeut panempo si mamang teh. ha ha ha.
--- On Sat, 2/26/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote: From: Ki Hasan <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Bahasa - Istilah Wanci To: [email protected] Date: Saturday, February 26, 2011, 7:13 AM Sacara implisit, nu neukteukan metakeun wincikan wanci teh rada "jorang". Geure urang toong: 20.00 = Sareureuh Budak 22.00 = Sareureuh Kolot Meureun sanggeus barudak reureuh, 20:00, kolot mah karek mimiti beroperasi. Karek reureuh sanggeus 22:00. Hehehe. Ayeuna urang bandingkeun jeung nu dina Wikipedia. # sareureuh budak kira-kira 21.00 # sareureuh kolot kira-kira 21.30 Jigana nu ieu mah nu neukteukanana entragan anyar, sanggeus aya TV Barudak karek hees jam 21:00 Ngan riweuhna kolot moal sempet operasi, da budakna karek dug hees, kolot nuturkeun ngaguher 2011/2/26 Aschev Schuraschev <[email protected]> Taun 2004 katompérnakeun, artikel wanci geus diauspkeun kana wikipédia ku kang Kandar. Wincikan wanci ti kang Kandar leuwih euyeub lantaran ngasupkeun waktu-waktu salat pikeun nu agama Islam. Tah ieu tulisan kang Kandar di Wikipédia: Wanci Méméh aya sistim poé nu kabagi kana 24 jam, masarakat Sunda migunakeun istilah-istilah wanci minangka tanggara dina sapoé sapeuting. Kiwari, sanajan geus wanoh jeung ukuran wanci dina jam-jaman, di lembur masih kénéh diparaké. Istilah-istilahna di antarana: usum tumorék kira-kira tabuh 24.30janari leutik kira-kira tabuh 01.30janari gedé kira-kira tabuh 02.00disada rorongkéng (kongkorongok hayam sakali) kira-kira tabuh 02.30 haliwawar kira-kira tabuh 03.00kongkorongok hayam dua kali kira-kira 03.30janari kira-kira 04.00subuh kira-kira tabuh 04.30balébat kira-kira tabuh 05.00carangcang tihang kira-kira tabuh 05.30 isuk-isuk kira-kira tabuh 06.00murag ciibun kira-kira tabuh 07.00pecat sawed kira-kira tabuh 09.00haneut moyan kira-kira tabuh 10.00rumangsang kira-kira tabuh 11.00tengah poé/lohor kira-kira tabuh 12.00 mengok kira-kira tabuh 13.00lingsir ngulon kira-kira tabuh 14.00asar kira-kira tabuh 15.00paososoré kira-kira tabuh 16.00ngampih laleur kira-kira tabuh 17.00tunggang gunung kira-kira tabuh 17.30 sariak layung kira-kira tabuh 18.00sareupna/magrib kira-kira tabuh 18.15harieum beungeut kira-kira tabuh 18.30isa kira-kira tabuh 19.00sareureuh budak kira-kira 21.00sareureuh kolot kira-kira tabuh 21.30 peuting kira-kira tabuh 23.00tengah peuting kira-kira tabuh 24.00 --- On Sat, 2/26/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote: From: Ki Hasan <[email protected]> Subject: [kisunda] Bahasa - Istilah Wanci To: "Ki Sunda" <[email protected]>, "Baraya Sunda" <[email protected]> Date: Saturday, February 26, 2011, 5:18 AM Beunang nyalin tina FB Ambu Dian: MASIHAN manawi kaanggo ku balareya (TANGTUNG WAKTU ANU NYUNDA) by Richadiana Kartakusuma on Saturday, February 26, 2011 at 10:27am 01.00 = Tumorek02.00 = Janari Leutik03.00 = Janari Gede04.00 = Kongkorok Hayam 05.00 = Balebat06.00 = Carangcang Tihang07.00 = Meletek Panon Poe08.00 = Ngaluluh Taneuh09.00 = Haneut Moyan10.00 = Rumangsang11.00 = Pecat Sawed12.00 = Tangenge 13.00 = Lingsir14.00 = Kalangkang Satangtung15.00 = Mengok16.00 = Tunggang Gunung17.00 = Sariak Layung18.00 = Sareupna19.00 = Harieum Beungeut20.00 = Budak Sareureuh 21.00 = Tumoke22.00 = Sareureuh Kolot23.00 = Indung Peuting24.00 = Tengah Peutinghttp://www.facebook.com/notes/richadiana-kartakusuma/masihan-manawi-kaanggo-ku-balareya-tangtung-waktu-anu-nyunda/10150103275379475
