Sacara implisit, nu neukteukan metakeun wincikan wanci teh rada "jorang".
Geure urang toong: 20.00 = Sareureuh Budak 22.00 = Sareureuh Kolot Meureun sanggeus barudak reureuh, 20:00, kolot mah karek mimiti beroperasi. Karek reureuh sanggeus 22:00. Hehehe. Ayeuna urang bandingkeun jeung nu dina Wikipedia. # sareureuh budak kira-kira 21.00 # sareureuh kolot kira-kira 21.30 Jigana nu ieu mah nu neukteukanana entragan anyar, sanggeus aya TV Barudak karek hees jam 21:00 Ngan riweuhna kolot moal sempet operasi, da budakna karek dug hees, kolot nuturkeun ngaguher 2011/2/26 Aschev Schuraschev <[email protected]> > > > Taun 2004 katompérnakeun, artikel wanci geus diauspkeun kana wikipédia ku > kang Kandar. Wincikan wanci ti kang Kandar leuwih euyeub lantaran ngasupkeun > waktu-waktu salat pikeun nu agama Islam. Tah ieu tulisan kang Kandar di > Wikipédia: > > Wanci > > Méméh aya sistim poé nu kabagi kana 24 jam<http://su.wikipedia.org/wiki/Jam> > , masarakat Sunda <http://su.wikipedia.org/wiki/Urang_Sunda> migunakeun > istilah-istilah *wanci* minangka tanggara dina sapoé sapeuting. Kiwari, > sanajan geus wanoh jeung ukuran wanci dina jam-jaman, di lembur masih kénéh > diparaké. Istilah-istilahna di antarana: > > - usum tumorék kira-kira tabuh 24.30 > - janari leutik kira-kira tabuh 01.30 > - janari gedé kira-kira tabuh 02.00 > - disada rorongkéng (kongkorongok hayam sakali) kira-kira tabuh 02.30 > - haliwawar kira-kira tabuh 03.00 > - kongkorongok hayam dua kali kira-kira 03.30 > - janari kira-kira 04.00 > - subuh kira-kira tabuh 04.30 > - balébat kira-kira tabuh 05.00 > - carangcang tihang kira-kira tabuh 05.30 > - isuk-isuk kira-kira tabuh 06.00 > - murag ciibun kira-kira tabuh 07.00 > - pecat sawed kira-kira tabuh 09.00 > - haneut moyan kira-kira tabuh 10.00 > - rumangsang kira-kira tabuh 11.00 > - tengah poé/lohor kira-kira tabuh 12.00 > - mengok kira-kira tabuh 13.00 > - lingsir ngulon kira-kira tabuh 14.00 > - asar kira-kira tabuh 15.00 > - paososoré kira-kira tabuh 16.00 > - ngampih laleur kira-kira tabuh 17.00 > - tunggang gunung kira-kira tabuh 17.30 > - sariak layung kira-kira tabuh 18.00 > - sareupna/magrib kira-kira tabuh 18.15 > - harieum beungeut kira-kira tabuh 18.30 > - isa kira-kira tabuh 19.00 > - sareureuh budak kira-kira 21.00 > - sareureuh kolot kira-kira tabuh 21.30 > - peuting kira-kira tabuh 23.00 > - tengah peuting kira-kira tabuh 24.00 > > > > > > > > --- On *Sat, 2/26/11, Ki Hasan <[email protected]>* wrote: > > > From: Ki Hasan <[email protected]> > > Subject: [kisunda] Bahasa - Istilah Wanci > To: "Ki Sunda" <[email protected]>, "Baraya Sunda" < > [email protected]> > Date: Saturday, February 26, 2011, 5:18 AM > > > > > Beunang nyalin tina FB Ambu Dian: > > MASIHAN manawi kaanggo ku balareya (TANGTUNG WAKTU ANU NYUNDA) > by Richadiana Kartakusuma on Saturday, February 26, 2011 at 10:27am > > 01.00 = Tumorek > > 02.00 = Janari Leutik > > 03.00 = Janari Gede > > 04.00 = Kongkorok Hayam > > 05.00 = Balebat > > 06.00 = Carangcang Tihang > > 07.00 = Meletek Panon Poe > > 08.00 = Ngaluluh Taneuh > > 09.00 = Haneut Moyan > > 10.00 = Rumangsang > > 11.00 = Pecat Sawed > > 12.00 = Tangenge > > > > 13.00 = Lingsir > > 14.00 = Kalangkang Satangtung > > 15.00 = Mengok > > 16.00 = Tunggang Gunung > > 17.00 = Sariak Layung > > 18.00 = Sareupna > > 19.00 = Harieum Beungeut > > 20.00 = Budak Sareureuh > > 21.00 = Tumoke > > 22.00 = Sareureuh Kolot > > 23.00 = Indung Peuting > > 24.00 = Tengah Peuting > > > http://www.facebook.com/notes/richadiana-kartakusuma/masihan-manawi-kaanggo-ku-balareya-tangtung-waktu-anu-nyunda/10150103275379475 > > > > > >
