Kang Irpan, Tos merenah tulisanana mah, nu penting kaharti jeung aya eusian, piraku we atuh teureuh Garut teu kitu-kitu acan mah....heheeh. Aya saran mah nyaeta tulisanana dimimitian ku sisindiran:
Cikuray gunung Cikuray Tempat niis mojang geulis Mun paturay hate peuray Mun patebih hate nangis Baktosna, ilen kardani ________________________________ From: Irpan Rispandi <[email protected]> To: [email protected] Sent: Mon, February 28, 2011 4:50:59 PM Subject: [kisunda] "Talaga Jamban"-nyumbang carita keur buku tea Tulisan ieu asana teh can merenah, cikan pang mariksakeun. Mun aya nu kudu di benerkeun bejaan kuring nya. nuhun sa acanna. ************************* Talaga Jamban ku : Irpan Rispandi Wanci isuk di usum halodo tarik tiisna kabina-bina. Komo deui lamun urang cicing di wewengkon dataran tinggi nu loba gunung saperti di Garut. Hawa tiis teh tangtu leuwih nyecep, karasa nepi ka sungsum balung. Nu matak teu heran lamun tatar Garut ti baheula keneh geus meunang lalandian "Swiss van Java". Hawa tiis jeung alam endah jadi ciri tatar Garut. Rada beh kidul ti kota Garut aya hiji gunung anu ngajungkiring jangkung. Gunung anu luhur puncakna 2821 meter tina beungeut cai laut teh katelahna Gunung Cikuray. Duka teuing naon sababna nu matak eta gunung dingaranan gunung Cikuray. Lamun ditingali tina kecap mah, ngaran Cikuray teh kawengku tina Cai jeung Kuray. Kuray-na duka tina kecap kukurayeun, duka tina naon. Ngan lamun enya tina kecap kukurayeun, di gunung eta naon anu matak kukurayeunna? Kusabab alamna estu endah sampurna mungguh ciptaan nu Maha Kawasa. Jajauheun tina pikasieuneun. Duka teuing lamun anu "ngageugeuh" eta gunung teh matak kukurayeun mah. Bisa jadi. :) Kuring lahir jeung meakkeun mangsa rumaja di suku gunung Cikuray beulah kaler, di wewengkon kacamatan Bayongbong. Kuring cicing didinya teh ngan nepi ka umur 15 taun. Sanggeus tamat sakola SMP, kuring neruskeun sakola ka Bandung. Bet siga dina lagu nya: "Geura gede gera jangkung, geura sakola ka Bandung." he..he..he.. Sok sanajan ngan nepi ka rumaja cicing di dinya, loba pisan panineungan anu tetep bisa kainget sanajan kuring ayeuna geus rimbitan. Di tonggoheun sakola SD kuring aya sirah cai anu ku urang dinya disebutna "Jamban". Sirah cai ieu lumayan gede, malah mangrupa guha leutik. Tapi guha leutik ieu ayana dina dasar talaga. Sahingga jalma-jalma arang anu daek asup nalungtik ka jerona. Eta talaga teh legana kurang leuwih 8 ka 10 meter, jerona 8 meteran mah aya. Di gigireun eta talaga gede, aya talaga nu leuwih leutik jeung leuwih deet. Dina talaga leutik ieu kuring jeung babaturan sok ngadon ngojay sanggeus balik sakola SD. Harita mah ngojay teh sahayuna we, teu kudu make calana renang, taranjang bubulucunan...he..he.he.. Cai talaga anu herang ngagenclang muwuh matak pikaresepeun. Disisi talaga leutik aya wangunan beton anu nutupan pipa cai. Wangunan anu suhunanna tina beton jeung rata teh jadi tempat nunda baju, sapatu jeung tas sakola. Tina luhur wangunan eta, kuring luncat ka handap, kana cai nu herang siga kaca. Kuring jeung babaturan icikibung dina talaga bisa nepi ka dua jam lilana. Mun biwir geus geunteul jeung tungtung ramo pareot, kakara haranjat. Seubeuh ngojay kuring balik ka imah mapay-mapay kebon saladah. Cai anu bijil tina beuteung gunung Cikuray teh sigana alus pisan pikeun pepelakan, diantarana saladah. Di beh landeuh aya oge balong-balong anu dipelakan lauk emas. Kuring sabatur-batur leumpang mapay galengan, tapi sakapeung mah sok pangangguran leumpang luhureun pipa beusi sagede pingping. Pipa eta ngalirkeun cai ti Jamban ka PDAM. Harita mangsa talaga masih aya.... Sawatara waktu kaliwat, pas kabeneran balik ka Garut, kuring ngahajakeun ulin ka urut sakola SD. Teu poho sakalian ka talaga “Jamban”. Di wewengkon anu kuduna aya talaga nu caina herang siga kaca, ayeuna geus salin rupa jadi wangunan beton anu tohaga. Euweuh barudak anu ngarojay, euweuh ibu-ibu anu nyareuseuh. Simpe, rehe combrek. Boh talaga gede boh talaga leutik, duanana geus ditutup. Pager beusi ting jungkiring. Sora ting cerewet na barudak nu icikibung, koceakna budak nu ngajleng ka handap, ngagejeburna sora cai, ngan ukur kadenge hawar-hawar, dina jero ingetan kuring. Nu kasinghareupan ku kuring ayeuna, ngan ukur wangunan beton hawuk anu pireu, tina beuteung eta wangunan ngembat panjang pipa beusi anu gede pisan. Talaga anu kuduna jadi milik bararudak, pikeun suka bungah icikibung dina caina nu herang, ayeuna geus dirampas ku “jalma-jalma sukses”, pengusaha air minum kemasan. Kagumbiraan bararudak jadi tumbal pikeun kasuksesan maranehna. Wilujeng ka “jalma sukses”, tapi hanjakal naha bet numbalkeun kagumbiraan barudak? Kawas nu munjung wae, beunghar tapi butuh tumbal. ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
