Sumuhun eta eusina teh talaga anu jadi tumbal nu munjung. Sent from my iPhone
On Feb 28, 2011, at 18:35, Irpan Rispandi <[email protected]> wrote: > Nuhun pamariksaan jeung masukkanna, sisindiranna alus, ke rek diasupkeun. > tapi "eusian" anu dimaksud nu kumaha nya? > > > > On 02/28/2011 05:30 PM, ilen kardani wrote: > >> >> Kang Irpan, >> >> Tos merenah tulisanana mah, nu penting kaharti jeung aya eusian, piraku we >> atuh teureuh Garut teu kitu-kitu acan mah....heheeh. Aya saran mah nyaeta >> tulisanana dimimitian ku sisindiran: >> >> Cikuray gunung Cikuray >> Tempat niis mojang geulis >> Mun paturay hate peuray >> Mun patebih hate nangis >> >> Baktosna, >> ilen kardani >> From: Irpan Rispandi <[email protected]> >> To: [email protected] >> Sent: Mon, February 28, 2011 4:50:59 PM >> Subject: [kisunda] "Talaga Jamban"-nyumbang carita keur buku tea >> >> Tulisan ieu asana teh can merenah, cikan pang mariksakeun. Mun aya nu >> kudu di benerkeun bejaan kuring nya. >> >> nuhun sa acanna. >> >> ************************* >> >> >> Talaga Jamban >> ku : Irpan Rispandi >> >> Wanci isuk di usum halodo tarik tiisna kabina-bina. Komo deui lamun >> urang cicing di wewengkon dataran tinggi nu loba gunung saperti di >> Garut. Hawa tiis teh tangtu leuwih nyecep, karasa nepi ka sungsum >> balung. Nu matak teu heran lamun tatar Garut ti baheula keneh geus >> meunang lalandian "Swiss van Java". Hawa tiis jeung alam endah jadi ciri >> tatar Garut. >> >> Rada beh kidul ti kota Garut aya hiji gunung anu ngajungkiring jangkung. >> Gunung anu luhur puncakna 2821 meter tina beungeut cai laut teh >> katelahna Gunung Cikuray. Duka teuing naon sababna nu matak eta gunung >> dingaranan gunung Cikuray. Lamun ditingali tina kecap mah, ngaran >> Cikuray teh kawengku tina Cai jeung Kuray. Kuray-na duka tina kecap >> kukurayeun, duka tina naon. Ngan lamun enya tina kecap kukurayeun, di >> gunung eta naon anu matak kukurayeunna? Kusabab alamna estu endah >> sampurna mungguh ciptaan nu Maha Kawasa. Jajauheun tina pikasieuneun. >> Duka teuing lamun anu "ngageugeuh" eta gunung teh matak kukurayeun mah. >> Bisa jadi. :) >> >> Kuring lahir jeung meakkeun mangsa rumaja di suku gunung Cikuray beulah >> kaler, di wewengkon kacamatan Bayongbong. Kuring cicing didinya teh ngan >> nepi ka umur 15 taun. Sanggeus tamat sakola SMP, kuring neruskeun sakola >> ka Bandung. Bet siga dina lagu nya: "Geura gede gera jangkung, geura >> sakola ka Bandung." he..he..he.. Sok sanajan ngan nepi ka rumaja cicing >> di dinya, loba pisan panineungan anu tetep bisa kainget sanajan kuring >> ayeuna geus rimbitan. >> >> Di tonggoheun sakola SD kuring aya sirah cai anu ku urang dinya >> disebutna "Jamban". Sirah cai ieu lumayan gede, malah mangrupa guha >> leutik. Tapi guha leutik ieu ayana dina dasar talaga. Sahingga >> jalma-jalma arang anu daek asup nalungtik ka jerona. Eta talaga teh >> legana kurang leuwih 8 ka 10 meter, jerona 8 meteran mah aya. Di >> gigireun eta talaga gede, aya talaga nu leuwih leutik jeung leuwih deet. >> Dina talaga leutik ieu kuring jeung babaturan sok ngadon ngojay sanggeus >> balik sakola SD. Harita mah ngojay teh sahayuna we, teu kudu make calana >> renang, taranjang bubulucunan...he..he.he.. >> >> Cai talaga anu herang ngagenclang muwuh matak pikaresepeun. Disisi >> talaga leutik aya wangunan beton anu nutupan pipa cai. Wangunan anu >> suhunanna tina beton jeung rata teh jadi tempat nunda baju, sapatu jeung >> tas sakola. Tina luhur wangunan eta, kuring luncat ka handap, kana cai >> nu herang siga kaca. Kuring jeung babaturan icikibung dina talaga bisa >> nepi ka dua jam lilana. Mun biwir geus geunteul jeung tungtung ramo >> pareot, kakara haranjat. >> >> Seubeuh ngojay kuring balik ka imah mapay-mapay kebon saladah. Cai anu >> bijil tina beuteung gunung Cikuray teh sigana alus pisan pikeun >> pepelakan, diantarana saladah. Di beh landeuh aya oge balong-balong anu >> dipelakan lauk emas. Kuring sabatur-batur leumpang mapay galengan, tapi >> sakapeung mah sok pangangguran leumpang luhureun pipa beusi sagede >> pingping. Pipa eta ngalirkeun cai ti Jamban ka PDAM. >> >> Harita mangsa talaga masih aya.... >> >> Sawatara waktu kaliwat, pas kabeneran balik ka Garut, kuring ngahajakeun >> ulin ka urut sakola SD. Teu poho sakalian ka talaga “Jamban”. Di >> wewengkon anu kuduna aya talaga nu caina herang siga kaca, ayeuna geus >> salin rupa jadi wangunan beton anu tohaga. Euweuh barudak anu ngarojay, >> euweuh ibu-ibu anu nyareuseuh. Simpe, rehe combrek. Boh talaga gede boh >> talaga leutik, duanana geus ditutup. Pager beusi ting jungkiring. >> >> Sora ting cerewet na barudak nu icikibung, koceakna budak nu ngajleng ka >> handap, ngagejeburna sora cai, ngan ukur kadenge hawar-hawar, dina jero >> ingetan kuring. Nu kasinghareupan ku kuring ayeuna, ngan ukur wangunan >> beton hawuk anu pireu, tina beuteung eta wangunan ngembat panjang pipa >> beusi anu gede pisan. >> >> Talaga anu kuduna jadi milik bararudak, pikeun suka bungah icikibung >> dina caina nu herang, ayeuna geus dirampas ku “jalma-jalma sukses”, >> pengusaha air minum kemasan. Kagumbiraan bararudak jadi tumbal pikeun >> kasuksesan maranehna. Wilujeng ka “jalma sukses”, tapi hanjakal naha bet >> numbalkeun kagumbiraan barudak? Kawas nu munjung wae, beunghar tapi >> butuh tumbal. >> >> >> ------------------------------------ >> >> Yahoo! Groups Links >> >> >> >> > >
