Tulisan ieu asana teh can merenah, cikan pang mariksakeun. Mun aya nu
kudu di benerkeun bejaan kuring nya.
nuhun sa acanna.
*************************
Talaga Jamban
ku : Irpan Rispandi
Wanci isuk di usum halodo tarik tiisna kabina-bina. Komo deui lamun
urang cicing di wewengkon dataran tinggi nu loba gunung saperti di
Garut. Hawa tiis teh tangtu leuwih nyecep, karasa nepi ka sungsum
balung. Nu matak teu heran lamun tatar Garut ti baheula keneh geus
meunang lalandian "Swiss van Java". Hawa tiis jeung alam endah jadi ciri
tatar Garut.
Rada beh kidul ti kota Garut aya hiji gunung anu ngajungkiring jangkung.
Gunung anu luhur puncakna 2821 meter tina beungeut cai laut teh
katelahna Gunung Cikuray. Duka teuing naon sababna nu matak eta gunung
dingaranan gunung Cikuray. Lamun ditingali tina kecap mah, ngaran
Cikuray teh kawengku tina Cai jeung Kuray. Kuray-na duka tina kecap
kukurayeun, duka tina naon. Ngan lamun enya tina kecap kukurayeun, di
gunung eta naon anu matak kukurayeunna? Kusabab alamna estu endah
sampurna mungguh ciptaan nu Maha Kawasa. Jajauheun tina pikasieuneun.
Duka teuing lamun anu "ngageugeuh" eta gunung teh matak kukurayeun mah.
Bisa jadi. :)
Kuring lahir jeung meakkeun mangsa rumaja di suku gunung Cikuray beulah
kaler, di wewengkon kacamatan Bayongbong. Kuring cicing didinya teh ngan
nepi ka umur 15 taun. Sanggeus tamat sakola SMP, kuring neruskeun sakola
ka Bandung. Bet siga dina lagu nya: "Geura gede gera jangkung, geura
sakola ka Bandung." he..he..he.. Sok sanajan ngan nepi ka rumaja cicing
di dinya, loba pisan panineungan anu tetep bisa kainget sanajan kuring
ayeuna geus rimbitan.
Di tonggoheun sakola SD kuring aya sirah cai anu ku urang dinya
disebutna "Jamban". Sirah cai ieu lumayan gede, malah mangrupa guha
leutik. Tapi guha leutik ieu ayana dina dasar talaga. Sahingga
jalma-jalma arang anu daek asup nalungtik ka jerona. Eta talaga teh
legana kurang leuwih 8 ka 10 meter, jerona 8 meteran mah aya. Di
gigireun eta talaga gede, aya talaga nu leuwih leutik jeung leuwih deet.
Dina talaga leutik ieu kuring jeung babaturan sok ngadon ngojay sanggeus
balik sakola SD. Harita mah ngojay teh sahayuna we, teu kudu make calana
renang, taranjang bubulucunan...he..he.he..
Cai talaga anu herang ngagenclang muwuh matak pikaresepeun. Disisi
talaga leutik aya wangunan beton anu nutupan pipa cai. Wangunan anu
suhunanna tina beton jeung rata teh jadi tempat nunda baju, sapatu jeung
tas sakola. Tina luhur wangunan eta, kuring luncat ka handap, kana cai
nu herang siga kaca. Kuring jeung babaturan icikibung dina talaga bisa
nepi ka dua jam lilana. Mun biwir geus geunteul jeung tungtung ramo
pareot, kakara haranjat.
Seubeuh ngojay kuring balik ka imah mapay-mapay kebon saladah. Cai anu
bijil tina beuteung gunung Cikuray teh sigana alus pisan pikeun
pepelakan, diantarana saladah. Di beh landeuh aya oge balong-balong anu
dipelakan lauk emas. Kuring sabatur-batur leumpang mapay galengan, tapi
sakapeung mah sok pangangguran leumpang luhureun pipa beusi sagede
pingping. Pipa eta ngalirkeun cai ti Jamban ka PDAM.
Harita mangsa talaga masih aya....
Sawatara waktu kaliwat, pas kabeneran balik ka Garut, kuring ngahajakeun
ulin ka urut sakola SD. Teu poho sakalian ka talaga “Jamban”. Di
wewengkon anu kuduna aya talaga nu caina herang siga kaca, ayeuna geus
salin rupa jadi wangunan beton anu tohaga. Euweuh barudak anu ngarojay,
euweuh ibu-ibu anu nyareuseuh. Simpe, rehe combrek. Boh talaga gede boh
talaga leutik, duanana geus ditutup. Pager beusi ting jungkiring.
Sora ting cerewet na barudak nu icikibung, koceakna budak nu ngajleng ka
handap, ngagejeburna sora cai, ngan ukur kadenge hawar-hawar, dina jero
ingetan kuring. Nu kasinghareupan ku kuring ayeuna, ngan ukur wangunan
beton hawuk anu pireu, tina beuteung eta wangunan ngembat panjang pipa
beusi anu gede pisan.
Talaga anu kuduna jadi milik bararudak, pikeun suka bungah icikibung
dina caina nu herang, ayeuna geus dirampas ku “jalma-jalma sukses”,
pengusaha air minum kemasan. Kagumbiraan bararudak jadi tumbal pikeun
kasuksesan maranehna. Wilujeng ka “jalma sukses”, tapi hanjakal naha bet
numbalkeun kagumbiraan barudak? Kawas nu munjung wae, beunghar tapi
butuh tumbal.
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/