Satuju 1000% Kedah AA LAKSANA.

 Yeni Kurniatin
...... and in every action there is always an equal and opposite or contrary, 
reaction... - Issac Newton, 1643 - 1727
________________________________





________________________________
Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda 
<[email protected]>; Urang Sunda <[email protected]>
Terkirim: Sen, 28 Februari, 2011 20:37:12
Judul: [kisunda] PBKS - Naon Atuh Artina Hiji Ngaran!

  



---------- Forwarded message ----------
From: Maman <[email protected]>
Date: 2011/3/1
Subject: [kisunda] Naon Atuh Artina Hiji Ngaran !
To: [email protected]



  
Nyumponan pamundut Kuncen, saeutik ngadongeng
==============================================

Naon Atuh Artina Hiji Ngaran !

Kitu ceunah ceuk Wiliam Shakespeare dina carita Romeo dan Juliet, ‘What is a 
name?’. Maksudna meureun naon hartina ngaran da nu pentingmah naon gaweanana. 
Beda jeung nu ngagem agama Islam , ngaran teh bisa mangrupakeun hiji do’a.  
Ceuk 
urang China, ngaran oge ceunah bisa mawa hokkie(mawa untung).  Teu saeutik 
jelema ngahaja ngarobah ngarana supaya teu boga kesan dusun atawa kampungan. 
Digentos ngarana supados kesana kabarat-baratan(‘modern’), jigana kusabab 
kuatna 
pangaruh media filem, narurutan ngaran artis asing. 


Ieu mah dongeng kuring nalika pamajikan ngandeg keur budak anu kahiji. Saencana 
lahir aya perjanjian lisan. Lamun budak lahir jenis kelamin na awewe nu berhak 
mere ngaran indungna. Mun anak pertama borojol jalu anu berhak mere ngaran 
bapana. Ku teknologi USG cenah bisa katingali jenis kelamin nalika orok masih 
dina jero beuteung, kantos dipariksa, ceunah nu lahir bakal jalu. Hate kuring 
sugema.

Pas tanggal 24 Februari, borojol we orok, ditingali teh jenis kelaminna geuning 
‘beulah-vertikal’. Sugan teh jalu, aya rasa kaduhung saeutik, naha saencana 
make 
di USG sagala.  Nya kusabab awewe ku indungna eta orok dibere ngarang ‘Nabila 
Putri Utami’.  Naon hartosna sareng makna eta ngaran rupina ngan indungna anu 
nyaho.

Opat tahun saparantosna ti eta pamajikan ngandeg deui,  alhamdulillah,  tanggal 
26 Juni ngalahirkeun budak jalu. perjajian lisan tetep berlaku. Anak kedua eta 
ku sayah dibare ngaran Dwi Bagia Sentosa, anu hartina nyaeta anak kadua anu 
mawa 
kabagjaan salamina. Amiin. 


Ayeuna soal ngaran kuring, sigana kolot kuring mere ngaran nurutkeun instink 
we. 
Buktina kuring kantos tumaros ka anjeuna. Dina surat kelahiran ti bidan Ening 
di 
Cicadas, ngaran kuring dina salembar kertas biru natrat bin jentre, ‘Surjaman’ 
(wungkul/titik). ‘Naon pa hartosna ngaran eta ?’, Ceuk kuring. Walon anjeuna: 
‘Duka teuing atuh’. 


Kuring oge teu apal timimiti iraha sesebutan  ‘Maman’ ditambahkeun ka ngaran 
‘Surjaman’. Sigana  harita waktu kuring keur budak arek asup ka sakola dasar. 
Meureun teu umum lamun aya ngaran ngan sakalimat, teu boga ngaran pondok jeung 
panjang. Terus we ujug-ujug ditambahan ‘Maman’. 


Kitu oge kuring teu apal naha ‘Surjaman’  robah ngajadi ‘Suryaman’, sigana ieu 
nyesuaikeun jeung jaman. Jaman waktu ejaan Suwandi dirobah jadi Ejaaan Yang 
Disempurnakan(EYD). Waktu harita abjad ‘dj’ jadi  ‘j’ , jeung  ‘j’ jadi ‘y’, 
‘Tj’ jadi ‘c’, ‘Tjitjih’ jadi ‘Cicih’, ‘Djoko’ jadi ‘Joko’.  ‘Djadjang’ jadi 
‘Jajang’.  Robahna ejaan sigana keur efesiensi huruf. 


Guthak gathuk atanapi kirata nama osok dipake heureuy oge. Utamana dikeunakeun 
ka hiji ngaran anu parantos jadi tokoh masyarakat.  Sebut we AA GIM, 
diplesetkan 
artina jadi “Abdi Atoh Gaduh Istri Muda”.  Sigana perbawa ngaran anu mawa matak 
anjeuna wantun ngalakukeun poligami, lain ku sunah-sunah teuing. Nu sae mah 
nami 
AA LAKSANA,  Abdi Adalah LAki-laki SAtia salamiNA.   :)

BULUS.

:)


 

Kirim email ke