Sampurasun,
ngiringan ngaramékeun, mugi tiasa katampi. "BLUS" upami kirang merenah.
MACĔT
Ku : bioeti
Na aya naon atuh di Bandung téh? Pasosoré loba mobil aleut-aluetan lain
geura ngampih. Sugan mah nu boga mobil di Bandung dikalaluar kabéh, nepi ka teu kawadahan. Teu usum libur
samen atawa akhir taun. Macet geus jadi kadaharan sapopoé. Matak kolot dijalan.
Geus puguh ari poé saptu atawa minggu mah alias weekend.
Matak sok horéam mun kaparengkeun kudu indit-inditan jadina. Komo mun
ninggang poé nu liburna untuy-untuyan. Beuki seunggah wé. Kagaring-garing awak
pikir téh. Geus kabayang macét diditu didieu. Teu beurang, teu peuting Bandung
pinuh ku kandaraan roda opat. Lolobana make plat “B”, teu burung plat “AB” oge
aya. Sakapeung sok kawénéhan plat “BE” jeung “DK”. Leuheung mun ngan sakuren, sigana mah pelesir ka
Bandung sok dibarengan jeung program Bedol
désa. ti RT nepi ka lurahna dibawa.
Harita meunang hibar rék aya audit ku BPOM*. Kécap audit boga sima nu luar
biasa. Buktina karék ngadéngé
waé sok matak samar campa. Komo kunu ngaran na BPOM. Atuh kapaksa poé saptu
harita maksakeun asup digawé. Maenya waé ari juragan-juragan asup kuring salaku
babu ucang anggé di imah.
Geus kasawang na
impelangan, tada teuing engké kumaha balik buburuh téh. Sapanjang jalan diitung-itung, alusna jam
sabaraha kaluar ti kantor dibarengan na haté ngado’a sangkan juragan sing sholeh,
moal nitah lila-lila. Nepi pecat sawed wé ulah nungguan sarangéngé surup.
Kaluar kantor geus ashar. Geus biasa mun gawé lembur kieu kuring sok pirajeunan nébeng ka juragan. Manehna oge sok atoheun
dibaturan téh, ngarah aya batur ngobrol pas macét cenah.
Ceuk Radio, Setiabudi macét. Loba mobil kaluar asup ka rumah Mode. Cihampelas macét da aya bén, Pasteur padat
merayap loba nu kaluar ti tol. Merdeka Komo. Nya kitu oge Sukajadi. Juragan
nanya mening nyokot jalur mana nu teu pati macét? Kuring ogé sarua lieurna. Kudu milih nu mana da geuning
sarua waé. Ah,
ujug-ujug jorojoy na hate, ngolebat na otak. Kuring boga ideu, kumaha
mun ka PVJ wé? Urang nonton heula, ngopi-ngopi heula bari nungguan macét.
Juragan langsung nga-enyakeun. Urang réfreshing sa-encan di bombardir ku
POM. Mani sumanget! Sapuk ari kitu mah. Heu heu heu…
Asalna nongton, terus ngopi. Ku pirajeunan Juragan alak-ilik geuningan aya
diskon sapatu. Nya atuh urang duaan siga prajurit ka medan perang. Hajar!
Hajar! Paburu-buru sieun kapiheulaan ku orang Batawai. Geus sapatu
ngarambah kana baju, terus kantong. Sagala nu dibéré bandrol diskon dianjangan. Isukna nya stress audit
nya lieur tanggal ngora jauh kénéh.
Tah, kitu Pa Dada* di
Bandung téh, nungguan macét sok matak bébéakan. Matak bobol dompét
balas nungguan. Sok atuh geura dibebenah jalan-jalanna, pangwangunana. Tong
hilap diurus ogé runtahna. Ngarah Bandung beuki pikabetaheun, engke beuki nambah kana
APBD-na. Moal matak rugi dijug-jug timana-mana. Ngarah kuring teu kudu loba
nungguan, da rumasa kuring mah sok gampang
kagoda (kagoda diskon maksudna).
* Badan Pengawas Obat dan Makanan
* Pa Dada Rosada (Walikota
Bandung Kiwari. Hilap deui ti iraha ka iraha na mah)