Hatur nuhun teteh parantos babagi carita urusan macet, kade ulah ngirangan 
kabingahan di jalanan ku ngadangukeun lalaguan Sunda atanapi bobodoran "Kang 
Ibing Saba Kota"....................mun tos cangkeul pisan mah turun heula ka 
Zen di jalan Sukajadi...............tempat dipeuseul anu sajamna 50 rebu 
rupia........tos dipeuseul mah seger deui geura.




________________________________
From: Yeni Kurniatin <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tue, March 1, 2011 7:52:12 PM
Subject: [kisunda] MACĔT


  


 Sampurasun,
ngiringan ngaram ékeun, mugi tiasa katampi. "BLUS" upami kirang merenah. 

________________________________


MACĔT
Ku : bioeti

Na aya naon atuh di Bandung téh? Pasosoré loba mobil aleut-aluetan lain geura 
ngampih. Sugan mah nu boga mobil di Bandung dikalaluar kabéh, nepi ka teu 
kawadahan. Teu usum libur samen atawa akhir taun. Macet geus jadi kadaharan 
sapopoé. Matak kolot dijalan. Geus puguh ari poé saptu atawa minggu mah alias 
weekend.
Matak sok horéam mun kaparengkeun kudu indit-inditan jadina. Komo mun ninggang 
poé nu liburna untuy-untuyan. Beuki seunggah wé. Kagaring-garing awak pikir 
téh. 
Geus kabayang macét diditu didieu. Teu beurang, teu peuting Bandung pinuh ku 
kandaraan roda opat. Lolobana make plat “B”, teu burung plat “AB” oge aya. 
Sakapeung sok kawénéhan plat “BE” jeung “DK”. Leuheung mun ngan sakuren, 
sigana  
mah pelesirka Bandung sok dibarengan jeung program Bedol désa. ti RT nepi ka 
lurahna dibawa. 

Harita meunang hibar rék aya audit ku BPOM*. Kécap audit boga sima nu luar 
biasa. Buktina karék ngadéngé waé sok matak samar campa. Komo kunu ngaran na 
BPOM. Atuh kapaksa poé saptu harita maksakeun asup digawé. Maenya waé ari 
juragan-juragan asup kuring salaku babu ucang anggédi imah. 

Geus kasawangna impelangan, tada teuing engkékumaha balik buburuh téh. 
Sapanjang 
jalan diitung-itung, alusna jam sabaraha kaluar ti kantor dibarengan na haté 
ngado’a sangkan juragan sing sholeh, moal nitah lila-lila. Nepi pecat sawed wé 
ulah nungguan sarangéngé surup.
Kaluar kantor geus ashar. Geus biasa mun gawélembur kieu kuring sok pirajeunan 
nébeng ka juragan. Manehna oge sok atoheun dibaturan téh, ngarah aya batur 
ngobrol pas macét cenah. 

Ceuk Radio, Setiabudi macét. Loba mobil kaluar asup ka rumah Mode. Cihampelas 
macét da aya bén, Pasteur padat merayap loba nu kaluar ti tol. Merdeka Komo. 
Nya 
kitu oge Sukajadi. Juragan nanya mening nyokot jalur mana nu teu pati macét? 
Kuring ogésarua lieurna. Kudu milih nu mana da geuning sarua waé. Ah, ujug-ujug 
jorojoy na hate, ngolebat na otak.Kuring boga ideu, kumaha mun ka PVJ wé? Urang 
nonton heula, ngopi-ngopi heula bari nungguan macét. Juragan langsung 
nga-enyakeun. Urang réfreshing sa-encan dibombardir ku POM. Mani sumanget! 
Sapuk 
ari kitu mah. Heu heu heu… 

Asalna nongton, terus ngopi. Ku pirajeunan Juragan alak-ilik geuningan aya 
diskon sapatu. Nya atuh urang duaan siga prajurit ka medan perang. Hajar! 
Hajar! 
Paburu-buru sieunkapiheulaan ku orang Batawai. Geus sapatu ngarambah kana baju, 
terus kantong. Sagala nu dibérébandroldiskon dianjangan. Isukna nya stress 
audit 
nya lieur tanggal ngora jauh kénéh.
Tah, kitu Pa Dada*di Bandung téh, nungguan macét sok matak bébéakan. Matak 
bobol 
dompét balas nungguan. Sok atuh geura dibebenah jalan-jalanna, pangwangunana. 
Tong hilap diurus ogé runtahna. Ngarah Bandung beuki pikabetaheun, engke beuki 
nambah kana APBD-na. Moal matak rugi dijug-jug timana-mana.  Ngarah kuring teu 
kudu loba nungguan, da rumasa kuring mah sok gampang kagoda (kagoda diskon 
maksudna).
 
* Badan Pengawas Obat dan Makanan 
* Pa Dada Rosada (Walikota Bandung Kiwari. Hilap deui ti iraha ka iraha na mah)

Yeni Kurniatin
...... and in every action there is always an equal and opposite or contrary, 
reaction... - Issac Newton, 1643 - 1727 

________________________________


      

Kirim email ke