Tah, tong sok ngaideu-an kang. Ke mun tos ka goda abdi sok kamalinaan Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: ilen kardani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 1 Mar 2011 04:12:12 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] MACĔT Hatur nuhun teteh parantos babagi carita urusan macet, kade ulah ngirangan kabingahan di jalanan ku ngadangukeun lalaguan Sunda atanapi bobodoran "Kang Ibing Saba Kota"....................mun tos cangkeul pisan mah turun heula ka Zen di jalan Sukajadi...............tempat dipeuseul anu sajamna 50 rebu rupia........tos dipeuseul mah seger deui geura. ________________________________ From: Yeni Kurniatin <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tue, March 1, 2011 7:52:12 PM Subject: [kisunda] MACĔT Sampurasun, ngiringan ngaram ékeun, mugi tiasa katampi. "BLUS" upami kirang merenah. ________________________________ MACĔT Ku : bioeti Na aya naon atuh di Bandung téh? Pasosoré loba mobil aleut-aluetan lain geura ngampih. Sugan mah nu boga mobil di Bandung dikalaluar kabéh, nepi ka teu kawadahan. Teu usum libur samen atawa akhir taun. Macet geus jadi kadaharan sapopoé. Matak kolot dijalan. Geus puguh ari poé saptu atawa minggu mah alias weekend. Matak sok horéam mun kaparengkeun kudu indit-inditan jadina. Komo mun ninggang poé nu liburna untuy-untuyan. Beuki seunggah wé. Kagaring-garing awak pikir téh. Geus kabayang macét diditu didieu. Teu beurang, teu peuting Bandung pinuh ku kandaraan roda opat. Lolobana make plat “B”, teu burung plat “AB” oge aya. Sakapeung sok kawénéhan plat “BE” jeung “DK”. Leuheung mun ngan sakuren, sigana mah pelesirka Bandung sok dibarengan jeung program Bedol désa. ti RT nepi ka lurahna dibawa. Harita meunang hibar rék aya audit ku BPOM*. Kécap audit boga sima nu luar biasa. Buktina karék ngadéngé waé sok matak samar campa. Komo kunu ngaran na BPOM. Atuh kapaksa poé saptu harita maksakeun asup digawé. Maenya waé ari juragan-juragan asup kuring salaku babu ucang anggédi imah. Geus kasawangna impelangan, tada teuing engkékumaha balik buburuh téh. Sapanjang jalan diitung-itung, alusna jam sabaraha kaluar ti kantor dibarengan na haté ngado’a sangkan juragan sing sholeh, moal nitah lila-lila. Nepi pecat sawed wé ulah nungguan sarangéngé surup. Kaluar kantor geus ashar. Geus biasa mun gawélembur kieu kuring sok pirajeunan nébeng ka juragan. Manehna oge sok atoheun dibaturan téh, ngarah aya batur ngobrol pas macét cenah. Ceuk Radio, Setiabudi macét. Loba mobil kaluar asup ka rumah Mode. Cihampelas macét da aya bén, Pasteur padat merayap loba nu kaluar ti tol. Merdeka Komo. Nya kitu oge Sukajadi. Juragan nanya mening nyokot jalur mana nu teu pati macét? Kuring ogésarua lieurna. Kudu milih nu mana da geuning sarua waé. Ah, ujug-ujug jorojoy na hate, ngolebat na otak.Kuring boga ideu, kumaha mun ka PVJ wé? Urang nonton heula, ngopi-ngopi heula bari nungguan macét. Juragan langsung nga-enyakeun. Urang réfreshing sa-encan dibombardir ku POM. Mani sumanget! Sapuk ari kitu mah. Heu heu heu… Asalna nongton, terus ngopi. Ku pirajeunan Juragan alak-ilik geuningan aya diskon sapatu. Nya atuh urang duaan siga prajurit ka medan perang. Hajar! Hajar! Paburu-buru sieunkapiheulaan ku orang Batawai. Geus sapatu ngarambah kana baju, terus kantong. Sagala nu dibérébandroldiskon dianjangan. Isukna nya stress audit nya lieur tanggal ngora jauh kénéh. Tah, kitu Pa Dada*di Bandung téh, nungguan macét sok matak bébéakan. Matak bobol dompét balas nungguan. Sok atuh geura dibebenah jalan-jalanna, pangwangunana. Tong hilap diurus ogé runtahna. Ngarah Bandung beuki pikabetaheun, engke beuki nambah kana APBD-na. Moal matak rugi dijug-jug timana-mana. Ngarah kuring teu kudu loba nungguan, da rumasa kuring mah sok gampang kagoda (kagoda diskon maksudna). * Badan Pengawas Obat dan Makanan * Pa Dada Rosada (Walikota Bandung Kiwari. Hilap deui ti iraha ka iraha na mah) Yeni Kurniatin ...... and in every action there is always an equal and opposite or contrary, reaction... - Issac Newton, 1643 - 1727 ________________________________
