---------- Forwarded message ---------- From: ilen kardani <[email protected]> Date: 2011/2/24 Subject: [kisunda] Bandar Bangkong To: [email protected]
"Karnadi bandar bangkong, meunangkeun nu geulis bati ngabohong", kitu ceuk lagu. Sebut we ngarana si Yitnok, urang jawa anu ngumbara di Manado miluan proyek Pertamina. Sapopoe gawena nganteuran catering keur karyawan di proyek, tapi sakali-kali sok nyupiran mawa mobil dununganana. Ari dina waktu luang si Yitnok sok mejeng di tempat piknik bari ngaheroan nonik Manado mamawa mobil dunungan, da puguh ari ngukur gajih mah teu sabaraha. Ngaku-ngaku karwayan Pertamina, si Yitnok tina nyieun bubur manado jadi apal bibir manado, atuh ampir unggal waktu ngaleungit ti pagaweanana da muru apel. Manado tea atuh pikiraneun. Sabulan dua bulan, ka opat bulana si mojang melendung ngandung anak si Yitnok. Kusabab urang Manado mah cadu pisan ngagugurkeun budak, atuh si Yitnok ditarikan kawin ku kolotna budak......atuh mobok manggih gorowong si Yitnok meunangkeun mojang geulis anak nu beunghar lega ku kebon cengkeh. Eta we basa kawina oge dihadiran ku Gubernur Manado sagala. Beu aya ku kituna si Yitnok, anak pamajikan nu di jawa mah barangkeakan teu kapirosea.
