2011/3/1 ilen kardani <[email protected]> > > > Didieu perlu sikep mental anu lantip jeung malapah gedang tina nepikeun > beja ngeureunkeun karyawan, ulah kabawa ku emosi jeung kudu teger kana > tujuan mimiti, nyaeta mecat tanpa mawa kagorengan bari nuduhkeun pipolaheun > satutasna dipungkas tina jabatanana. Ari anak buah teh rupa-rupa bangsana, > ti mimiti urang Malayu, Cina, India, Indonesia, Iran, Iraq, Amerika, > Belanda, Inggris, Philippina, Pakistan, Norwegia jeung Mesir. Hiji-hiji > ditaliti kaayaanana sangkan teu nyalahan. Sanggeus yakin, hji-hiji > dipanggilan ka kantor terus dibejaan yen samet poe eta manehna digawe teh. > Sagala rupa kalimah jampe pamake dipapatkeun sangkan tujuan kuring surup > kana atina jeung hatena teger nyinghareupan kanyataan. Sakabeh anu dipecat, > sakeudeungan mah mata simeuteun, leuleus leumpeuh lir kapuk kaibunan kapas > kapanasan, taya tangan pangawasa, cumalimba menta ditunda atawa dibatalkeun > niat kuring mecat manehna. Kabayang keneh ku kuring kumaha lenghoyna > leumpang maranehna kaluar ti kantor kuring, hate mah teu tega tapi da kitu > kanyataanana. Anggap we jadi jenderal anu ngomando perang ka prajuritna, > sanajan pibahayaeun tapi tetep kudu dilakonan. >
Koreksi: jigana nu ieu "leuleus leumpeuh lir kapuk kaibunan kapas kapanasan" maksudna "leuleus leumpeuh lir kapuk kaibunan kapas kahujanan".
