Ki Hasan,

Leres pisan eta anu dimaksad, 'lir kapuk kaibunan kapas kahujanan', naha atuh 
beut poho kana eta babasaan nya, padahal mah da moal dilegleg. Hatur nuhun di 
pangbenerkeun.




________________________________
From: Ki Hasan <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wed, March 2, 2011 1:07:47 AM
Subject: Re: [kisunda] Dipecat Siah ku Aing!

  



2011/3/1 ilen kardani <[email protected]>

  
>Didieu perlu sikep mental anu lantip jeung malapah gedang tina nepikeun 
>beja ngeureunkeun karyawan, ulah kabawa ku emosi jeung kudu teger kana tujuan 
>mimiti, nyaeta mecat tanpa mawa kagorengan bari nuduhkeun pipolaheun satutasna 
>dipungkas tina jabatanana. Ari anak buah teh rupa-rupa bangsana, ti mimiti 
>urang 
>Malayu, Cina, India, Indonesia, Iran, Iraq, Amerika, Belanda, Inggris, 
>Philippina, Pakistan, Norwegia jeung Mesir. Hiji-hiji ditaliti kaayaanana 
>sangkan teu nyalahan. Sanggeus yakin, hji-hiji dipanggilan ka kantor terus 
>dibejaan yen samet poe eta manehna digawe teh. Sagala rupa kalimah jampe 
>pamake 
>dipapatkeun sangkan tujuan kuring surup kana atina jeung hatena teger 
>nyinghareupan kanyataan. Sakabeh anu dipecat, sakeudeungan mah mata simeuteun, 
>leuleus leumpeuh lir kapuk kaibunan kapas kapanasan, taya tangan pangawasa, 
>cumalimba menta ditunda atawa dibatalkeun niat kuring mecat manehna. Kabayang 
>keneh ku kuring kumaha lenghoyna leumpang maranehna kaluar ti kantor kuring, 
>hate mah teu tega tapi da kitu kanyataanana. Anggap we jadi jenderal anu 
>ngomando perang ka prajuritna, sanajan pibahayaeun tapi tetep kudu dilakonan.

Koreksi: jigana nu ieu "leuleus leumpeuh lir kapuk kaibunan kapas kapanasan" 
maksudna "leuleus leumpeuh lir kapuk kaibunan kapas kahujanan".






      

Kirim email ke