Baraya,
Tiheula mah ngadongeng wawancara calon pagawe, ayeuna mah ngadongeng pangalaman
ngeureunkeun pagawe, katelahna mecat tea.
Mun pareng lalajo pilem 'Up in The Air" eta teh nyaritakeun hiji jelema anu
profesina tukang mecatan pagawe, manehna ngurilingan dunia nedunan panggilan ti
perusahaan gede anu baroga program ngurangan karyawana. Tina sataun
si Kasebelan
teh bisa ngapung dina pesawat leuwih ti 200 poena, geningan sakitu pentingna
jadi tukang pecat teh.
Teu kabayang kumaha rasana boga jabatan siga kitu, ngan nu kaalaman ku kuring
mah mecat jelema teh lain pangalaman anu pikagenaheun. Jaba ti kudu
nyinghareupan jelema nu rupa-rupa mentalna, oge kudu mikirkeun kumaha kaayaan
kulawarga jeung dulur-dulurna satutasna eta jelema di pecat. Kumaha lamun ieu
jelema teh jadi gunung pananggeuhan dulur-dulurna, kumaha lamun mental manehna
teu kuat nyinghareupan pamecat, kumaha lamun anak pamajikanana katalangsara,
kumaha lamun manehna kalap terus nganiaya kuring, kumaha lamun isuk jaganing
geto eta jelema teh jadi dunungan kuring, kumaha lamun manehna boga hutang ka
rentenir urang batak. Nu pang palaurna mah nyaeta kumaha lamun manehna nandasa
dirina sabab rentas pangharepan, teu kuat mental nyinghareupan parobahan
kahirupan. Intina mah, mecat jelema teh lain pikangeunaheun, nu matak
parusahaan
garede sok nitah batur tina urusan mecat karyawanana sakumaha kacaritakeun tina
pilem tea.
Basa kuring dititah mecat 8 jelema sabab perusahaan keur nyinghareupan resesi,
sakeupeung mah rada baluweng nangtukeun saha pijelemaeunana nu bakal dipecat ku
kuring. Didikan nu katarima ti kolot teges pisan yen kuring kudu bisa berlaku
adil tina nyinghareupan sagala situasi jeung make hate anu suci. Didieu aya
tinimbangan, kumaha prestasi pagawe hiji-hijina, kumaha kalakuanana, kumaha
hubungan manehna jeung pagawe sejen, geus sabaraha taun digawena, sabaraha
gajih
bulananana, kumaha kaayaan kahirupanana, kumaha balukarna lamun dipecat, jrrd.
Ulah pisan-pisan mecat jelema lantaran aya urusan pribadi jeung eta jelema,
estuning kudu urusan profesi.
Didieu perlu sikep mental anu lantip jeung malapah gedang tina nepikeun
beja ngeureunkeun karyawan, ulah kabawa ku emosi jeung kudu teger kana tujuan
mimiti, nyaeta mecat tanpa mawa kagorengan bari nuduhkeun pipolaheun satutasna
dipungkas tina jabatanana. Ari anak buah teh rupa-rupa bangsana, ti mimiti
urang
Malayu, Cina, India, Indonesia, Iran, Iraq, Amerika, Belanda, Inggris,
Philippina, Pakistan, Norwegia jeung Mesir. Hiji-hiji ditaliti kaayaanana
sangkan teu nyalahan. Sanggeus yakin, hji-hiji dipanggilan ka kantor terus
dibejaan yen samet poe eta manehna digawe teh. Sagala rupa kalimah jampe pamake
dipapatkeun sangkan tujuan kuring surup kana atina jeung hatena teger
nyinghareupan kanyataan. Sakabeh anu dipecat, sakeudeungan mah mata simeuteun,
leuleus leumpeuh lir kapuk kaibunan kapas kapanasan, taya tangan pangawasa,
cumalimba menta ditunda atawa dibatalkeun niat kuring mecat manehna. Kabayang
keneh ku kuring kumaha lenghoyna leumpang maranehna kaluar ti kantor kuring,
hate mah teu tega tapi da kitu kanyataanana. Anggap we jadi jenderal anu
ngomando perang ka prajuritna, sanajan pibahayaeun tapi tetep kudu dilakonan.
Mungguhing hirup, kadang-kadang jelema teu bisa dipisahkeun tina jabatanana,
gaya hirup jeung identitas sapopoena geus disakompetdaunkeun jeung jabatan,
padahal masih keneh aya wates antara jabatan jeung jati diri hiji jelema. Coba
lamun sakabeh atribut jabatan jeung kakayaan dipiceun ti manehna, kumaha
pibakaleunana? Naha masyarakat masih keneh ngambeuan urut pejabat tinggi anu
jadi narapidana? Naon anu jadi dangiang hiji jalma lamun manehna teu boga harta
teu boga jabatan? Taya lian, pamor hiji jelema teh gumantung kana elmu
pangaweruhna, tekad ucap jeung lampahna. Ari urusan harta mah geus aya nu
ngaturna, cumpon kana paribahasa, "Kulak Canggeum Bagja Diri, Dihin Pinasti
Anyar Pinanggih"
Sakitu cenah kang kuncen dongengna.
si ilen kardani nu teu resep jadi tukang pecat.