Postingan Kang Dede ([email protected]) IKA jeung EKA (carita cinta anu teu logis cenah)
Tisaprak sikuring rada wanoh kana istilah bobogohan, sikuring sok rada beger mimiti SMP keneh. Teuing eta teh panyakit meureun. Timimiti SD nepika kiwari kabogoh sikuring teh pasti budak awewe panggedena, tegesna cikal. Memang rada aneh, tapi duka kabeneran duka kumaha. Sakapeung sikuring sok mikir, boa aya hubunganana antara sikuring anu budak bungsu jeung kabogoh anu anak cikal? Meureun aya korelasina jiganamah, atawa aya teori anu bisa nerangkeun eta penomena nu kaalaman kusikuring. Kabogoh kuring anu basa di SMP teh ngarana Ika , babaturan sakelas. Tapi samemehna kungsi oge boga kabogoh Ngarana Yeni. Ditingali tina ngarana, si Ika iyeu pasti budak cikal, eh...enya we sanggeus ngobrol manehna ngomong cenah manehna anak panggedena bari jeung boga adi hiji anu pastina leuwih leutik tibatan manehna hahaha..... Pondok carita sikuring putus jeung si Ika teh, tuluy boga kabogoh deui ngarana Heni adi kelas keneh di SMP, manehna urang Majalengka tapi ngumbara ka Ciamis. Manehna budak cikal, jeung boga adi 2 cenah. Lulus SMP nya bobogohan oge bubaran. hahhahahah.... Asup ka SMA penomena bogoh ka budak cikal teh datang deui, kelas hiji sikuring boga kabogoh jeung si Endang urang Pangandaran, jeung si etamah ngan jalan 3 bulan kaburu putus da cenah sikuring jalmana kaku kacida. Sikuring seuri we dikitukeun teh.... Sanggeus leupas ti si Endang, kuring boga deui ngarana Heni, ngan manehna mah budak nomor dua babaturan sakelas keneh. Jeung si eta oge teu pati lila, ngan jalan 2 bulan sajah. Carita detilnamah moal dibenjer beaskeun, da eta kaasup zona merah cenah. hahahhah Tidinya boga deui kabohoh ngarana Eka urang pangandaran deui wae, ditilik tina ngarana pasti manehna budak cikal, nyatana enya we budak cikal tuluy boga adi ngarana Elin mun teu salahmah. Waktu jeung si Eka sikuring oge boga kabogoh ngarana Tiya urang Banjar anak cikal keneh wae, ti keluarga brooken home tea. Kapanggih salingkuh, sikuring tuluy pegat jeung si Eka, atuh da enya kangaranan salingkuh pasti sok dibales ku salingkuh deui wae. si Tiya oge salingkuh jeung babaturana. Nya antuknamah bubar jalan hahahhh... Asup kuliah, nyandang gelas MAHAsiswa, sikuring boga deui kabogoh ngarana Ika budak manajer Bank di Semarang, anak cikal asli urang Solo, adi kelas sa jurusan. Tah jeung si etamah cacakna bogoh nyaan, da meureun geus rada hideng tea sikuringna. Tapi da enya meureun lain jodo, pegat oge harita teh. Manehna boga alesan cenah "bintang itu tidak akan pernah sejalan dengan matahari", nu kusikuring sok dihartikeun si eta loba bedana jeung kuring. Rada sedih oge eta papisah jeung manehnamah. Dalah dikumaha da meureun lain jodo, nya kudu diridokeun.. Leupas ti si eta sikuring boga kabogoh ka anu akhirna jadi pamajikan sikuring ayeuna, adi kelas beda jurusan. Pamajikan sikuring oge budak cikal, adina aya tilu. Panggih jeung manehnateh dina acara OSPEK tea anu di kampus sikuringmah ngarana dinus inside. Harita sikuring jadi Panitia OSPEK. Kuring harita jadi ketua BEM di fakultas Ekonomi, nya rada terkenal oge. Da harita loba mahasiswa anyar anu ngajak wawanohan, ka asup si Yuni, urang Jogja anu boga Butiqeu baju jeung loba deui anu sok teteleponan. Da enya jadi ketua BEM teh rada nguntungkeun, minimal dina masalah akses informasi jeung sok di prioritaskeun dina masalah pelayanan teh. Tuluy sok meunang bocoran masalah "kisi kisi" bahan ujian, atawa meunang ingpo masalah-masalah kampus anu akhirna sok dijadikeun bahan diskusi atawa paper. Anu panguntungkeuna nyaeta meunang beasiswa sataun. Jadi kuliah haratis sataun. Tah meureun tina alesan eta sikuring loba dideukeutan ku awewe adi kelas. Komo deui ninggang budak anu hayang terkenal tea, mun boga kabogoh kasikuring atawa minimal deukeut jeung sok bareng jeung sikuring sok rada diajenan cenah, tidinya babari neangan lalaki lain. Da cenah pamingpin teh sok jadi pusat perhatian publik tea dina studi kapamingpinan tea mah. Hahhaah...irung kuring sok rada rebeh ari diomongan kitu mah. Eta oge kaalaman kusikuring waktu jadi ketua BEM Universitas, boga kasempetan ulin ka luar negeri, Malaysia tea, Beasiswa sataun pinuh jeung rea rea deui kauntunganana. Tah kitu baraya hiji penomena anu kusikuring kaalaman, dina pasualan bogoh kabudak cikal. cag ah
